0
'Na teu waas
mireungeuh nangtawingna cadas nu nyacas
jeung tingkulamprengna jalma nu karoneas?
Boa-boa
Guha Karang Legok Pari
nu kungsi didongengkeun kamari
bakal jadi ceungceuman kiwari

'Na enya panonoban jurig nyiliwuri
'na enya panyingkuran ipri
naon deui nu baris kadongdon
sabada parahu patingsoloyong
muru kaendahan alam green canyon
atawa baris aya nu ngintip
sabada mireungeuh nu teuleum nyiar taritip?


Etti RS
keur Hidayat Susanto

Cijulang, Tungtung Taun 1994

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top