0
Ti ajalina kuring ditibanan pancen
nembus gunung meulah lengkob
atawa mapay bubulak jeung padataran

Ti dituna kuring dipilih
malidkeun cikahuripan ka sagara
najan kudu kandeg heula di muara

Ti memehna kuring kapeto
lilimbungan di leuwi nu jero
handapeun nu ngaroyom leuweung kaso

Batu gunung hahalang sangkan kapahung
sihoreng ukur taringgul
sabot diri ngananaha ka Nu Agung

Etti RS
Bandung, Ramadhan 1995

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top