Hiliwir angin peuting nyusup sanubari anu keu'eung
Nu bimbang dina hate ieu, hoyong di cobi dina hirup ieu
Namung abdi teu tiasa nyingkahkeun rasa was-was ieu
Masih kagambar waktos anu ka langkung, anu pinuh ku ka leupatan
Tapi abdi ngalengkah ku geutih nu masih nyesa nu aya na raga
Meureun masih keneh aya hareupan pikeun ngalakonan hirup
Mung sa'ukur bayangan nu aya dipayunen abdi
Dicobi, namung teu kiat nandangannana
Sagala impenan nu ngajungjurigan
Teu weuleh ngagangu kahirupan
Nun gusti tulungan abdi
Nun gusti pasihan abdi pituduh, pasihan abdi jalan
Meureun aya keneh hareupan
Dede Wahyudin (dewa)
24 Maret 2013

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar