0
Am dahar
Sagala dihuapkeun
Sagala disakuan
Nyumputkeun, ngagehkeun majar keur engke

Kedewek hancengan dijewang
Dibeakkeun majar keur kasosialan
Keur nyumbang panti asuhan oge rumah jompo
Label loyal di kahareupkeun

Reueus
Dipuji
Dipamerkeun
Ka balarea

Aduh-aduh
Geuningan mengkol di rekening bank
Geuningan mengkol dina sawah, balong, pasir, apartemen jeung sajabana.

waaahhh napel di milik pribadi
Kokoro tea kitu?
Mobok manggih gorowong kitu?
Ujang, Nyai keur saha eta teh ?

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top