Bubuka
Ku Juru Catur/Narator:
|
||
Pamiarsa,
si Kabayan anu kakocap pinter tapi bodo, bodo tapi pinter, Kumaha ketakna si
Kabayan? Sumangga nyanggakeun pintonan Drama, dina carios si Kabayan Ngingu
Munding.
|
||
Si
Kabayan asup ka Panggung, leumpang salse, kuliat, heuay, terus diuk sila.
Datang Nyi Iteung ngajingjing sapu nyere/injuk. Jenkel, ambek, geureugeuteun.
|
||
Nyi
Iteung
|
:
|
(Nyentak)
Kabayan! Digawé kadituh, kaluman kami mah nénjona ogé.
|
Si
Kabayan
|
:
|
(Ayem,
leuleuy) Jééh, kunaon ari iteung? Mani taya bosena kana ambek-ambekan teh,
soré isuk euweuh eureuna. Ulah kitu, matak téréh kolot.
|
Nyi
Iteung
|
:
|
Kaluman
tuda, boga salaki téh mani euweuh pisan gawe. Ngala-ngala suluh kadituh.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Aaaaah,
horéam euweuh bedogna.
|
Nyi
Iteung
|
:
|
Matak
naon mun nginjeum ka Abah?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Embung
ah, sok ngambek si Abah mah. Bisi nagih ongkoh, heug kami boga kénéh hutang.
|
Nyi
Iteung
|
:
|
(Jéngkél)
Heug usaha atuh, ulah ngajentul waé. Turutan batur!
|
Si
Kabayan
|
:
|
Usaha
kana naon, Teung?
|
Nyi
Iteung
|
:
|
Nya
kana naon wé atuh, kawas batur. Asal usaha nu halal. Tuh kawas Pa Haji, miara
hayam, miara domba, atawa naon wé atuh.
|
Si
Kabayan ngorejat, terus nangtung, sura-seuri gumasep.
|
||
Si
Kabayan
|
:
|
Héhéhé,
héhéhé, heueuh bener, Teung.
Asa
diingetan, puguh kami teh hayang… hayang diajar wisarwata, aéh… naon ning,
Teung?
|
Nyi
Iteung
|
:
|
(Nyentak)
Wiraswasta!
|
Si
Kabayan
|
:
|
Jééééééééh,
nya ulah nyentak atuh, Teung. Salah saeutik mah meunang.
|
Nyi
Iteung
|
:
|
Heueuh
rék kumaha atuh?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Héhéhé,
kieu Teung. Akang rek badami jeung si Lamsijan. Pokona mah Iteung ulah
hariwang, Akang pasti usaha.
|
Nyi
Iteung
|
:
|
Jig
atuh, ulah ulin waé. Sing mikir hirup téh.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Nya
heueuh ieu ge rék mikir.
|
Si
Kabayan jeung nyi iteung leumpang ngurilingan panggung.
|
||
Nyi
Iteung kaluar, si Lamsijan asup ka panggung.
|
||
Si
Lamsijan
|
:
|
(Sono)
Eéééééééh, geuning manéh, Kabayan? Rék ka mana?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Heueuh,
bagéa Jan. Puguh ngahaja rék ka imah manéh.
|
Si
Lamsijan
|
:
|
(Daria)
Euleuh, aya naon, Kabayan? Asa rareuwas teuing.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Ulah
reuwas, da lain rék nagih. Puguh Kuring téh hayang diajar wiraswasta. Cik
ménta bongbolongan, kana naon nya?
|
Si
Lamsijan
|
:
|
Ooooooh,
kitu?
(Nepakan
tarang lalaunan) Ké, ké, ké, kumaha, nya? Oh heueuh, kumaha mun ngingu lauk
engkoy?
|
Si
Kabayan
|
:
|
(Gogodeg)
Embung, teu boga balongna, Jan.
|
Si
Lamsijan
|
:
|
(Sumanget)
Ngingu puyuh atuh?
|
Si
Kabayan
|
:
|
(Gogodeg)
Embung ah, leutik endogna.
|
Si
Lamsijan
|
:
|
(Kuciwa)
Aaaah manéh mah, nya hayang naon atuh? Da usaha anu badag mah kudu gedé
modalna ogé. Mun hayang anu gedé endogna, nya ngingu munding!
|
Si
Kabayan
|
:
|
(Atoh,
eprak) Tuaaaaaaaaah enya bener, étaaa, Jan.
(Nepak
taktak Lamisjan) Héhéhé, nuhun, Jan. Kuring satuju ngingu munding mah. Manéh
téh mémang sobat anu sajati, Jan.
|
Si
Lamsijan
|
:
|
Hemh,
boga duitna, nyah?
|
Si
Kabayan
|
:
|
(Sombong)
Wuah, duit mah gampang, Jan. Aya Abah. Malah mah moal dilila-lila, ayeuna ge
rék nepungan ka Abah.
Héhéhéhé,
pasti méré ari jang modal usaha mah.
|
Si
Lamsijan
|
:
|
Hemh,
mani agul boga Abah galak téh.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Iiih,
galak-galak gé boga Kuring mah.
|
Abah
jeung Ambu di panggung, datang Si Kabayan sura-seuri.
|
||
Abah
|
:
|
(Tatag)
Kabayan! Ari manéh éling, henteu?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Iiiiih
ari Abah. Nya éling atuh. Iraha Abi gélo?
|
Abah
|
:
|
Lain
nanaon, éta wé bet sura-seuri kawas anu gélo anyar.
|
Si
Kabayan
|
:
|
(Nyentak)
Naooon?
|
Abah
|
:
|
Naha
disebut gélo anyar teh bet ngambek?
|
Ambu
|
:
|
(Tenang)
Geus heubeul meureun, Bah.
|
Abah
|
:
|
Boa
enya, da geuning disebut gélo anyar mah ngambek.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Eééééééééh
boga Abah jeung Ambu teh sarua gélona.
(Reuwas,
nungkup biwir) Aéh, bit, henteu kétang.
Héhéhéhé,
hampura Bah, Mbu, Abah Kembu.
|
Ambu
|
:
|
(Nyentak)
Naon? Nyebut Kembu ka kami?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Saha
anu nyebut kembu? Cek Abdi téh, Abah, Ambu.
|
Abah
|
:
|
Naha,
saha anu nyebut Abah kembu?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Nya
Abah, bieu.
|
Ambu
|
:
|
Eh,
Abah. Ulah diajak ngomong waé si Borokokok mah. Bisi tépa gélona. Minantu
borokokok. Ka mitoha nyebut kembu.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Waaaaaaah,
ulah kitu atuh, Ambu.
|
Ambu
|
:
|
(Nyentak)
Naon? Sakali deui nyebut kembu, diciwit geura.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Ituh
geura?
|
Abah
|
:
|
Geus,
geus, ulah kamalinaan, éra kunu lalajo. Sok diuk, Kabayan. Abah rék nanya.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Héhéhé,
mangga, Bah.
|
Abah
|
:
|
Rék
naon manéh téh, Kabayan?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Puguh
ngahaja, Uing téh hayang silaturahmi, Bah.
|
Abah
|
:
|
Aaah,
Tara ti sasarina Kabayan. Rék ménta duit meureun, nya? Atawa rék nginjeum
paré?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Tuuuuuuuh,
da. Abah mah goréng waé ka Uing téh.
Ulah
suudon, Bah, Goréng kalakuan kitu téh.
|
Abah
|
:
|
Heueuh,
heueuh, lah.
|
Si
Kabayan
|
:
|
(Daria)
Bah, Uing téh hayang diajar wisarwata, aéh..duh.. ku hésé ngomong téh, nya?
Naon ning?
Oh
enya, wi… ras.. swas..ta ! Tah kitu, Bah!
Jadi,
Uing téh hayang diajar usaha, Bah. Tapiii, teu boga modalna.
|
Abah
|
:
|
(Daria)
Oooh usaha? Usaha kana naon, euy? Sok teruskeun, Kabayan. Usaha naon téa euy?
Kumaha papatungan téh?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Kieu,
Bah. Urang meuli munding. Modalna papatungan, miarana ku duaan babarengan. Tapi
sangkan adil, urang bagi dua miarana téh.
|
Abah
|
:
|
Kumaha
carana?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Urang
sapotong éwang, Abah bujurna, Uing huluna.
|
Abah
|
:
|
His,
ké heula, ulah gagabah nyieun kacindekan téh. Naha manéh maké hayang miara
huluna?
|
Si
Kabayan
|
:
|
Ngarah
teu kudu miceunan taina. Maraban wé wungkul.
|
Abah
|
:
|
Ambu,
cing kami ménta bongbolongan yeuh. Mun kitu carana, mana nu kudu dipilih? Huluna,
atawa bujurna?
|
Ambu
|
:
|
(Tandes)
Nya mending huluna atuh, miara bujur mah kudu miceunan taina.
Nu
kitu patut mah bikeun ka si Kabayan.
|
Abah
|
:
|
(Daria,
Tandes) Satuju, bener pisan éta pamadegan téh, Ambu. Moal enya kolot kudu
miceunan taina? Hey, Kabayan!
|
Si
Kabayan
|
:
|
Kumaha,
Bah?
|
Abah
|
:
|
Heug
aing daék papatungan jeung manéh, tapi kami huluna, manéh bujurna. Lamun
satuju kitu, heug. Henteu mah, moal.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Moal
kaduhung, Bah?
|
Abah
|
:
|
Naha
maké kudu kaduhung?
Nya
moal deuleu. Ieu téh hasil musyawarrroh…
|
Si
Kabayan
|
:
|
Cak
siah, ketok palu tilu kali.
Trok,
trok, trok! Keputusan tidak dapat diganggu gugat.
Kuring
bujur, Abah hulu.
|
Abah
|
:
|
Heueuh,
tah saksina si Ambu.
|
Si
Kabayan
|
:
|
Jadi
lah…
|
(Si
Kabayan, Abah, jeung Ambu kaluar ti panggung dipirig ku kacapi suling)
|
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar