0
Ceuk dongeng, baheula mah banténg téh teu boga tanduk. Nu tandukan mah kuda. Nya, pangna banténg tandukan ogé, éta téh paméré kuda! Kieu ceunah sasakala na mah.

Di leuweung nu aya di Nagri Sepanyol, hirup sakumpulan kuda. Maranéhanana mindeng diudag-udag ku kasieun jeung ku kahariwang. Rék teu kitu kumaha atuh. Mun unggal poé maranéhna dibeberik kunu moro. Di baroro téh lain rék diala dagingna. Tapi pikeun diadukeun.

Dina hiji poé, sakabéh kuda ngayakeun riungan. Maranéhna baradami pikeun néangan jalan sangkan bisa hirup tingtrim, teu di beubeurik waé ku nu moro. Jalan nu panghadéna, taya deui iwal ti urang kudu masrahkeun tanduk nu kacida dipikahayangna ku sato séjén.
Lantaran panalungtikan, pangna urang diboro ku manusia téh pédah ngabogaan tanduk nu hadé pikeun diadukeun, ceuk salah saurang. Nu séjén ngahaminan. Tapi, saha kira-kirana sato anu daék dipasrahan tanduk urang ceuk kuda bodas. Basa taeun mah banténg nu ménta téh ceuk kuda belang. Tah, heueuh. Urang bikeun wé ka banténg atuh!

Barang, maranéhna arindit ka tegalan, rék nepungan para banténg. Sakabéh banténg lain deui barungaheunana dipasrahan tanduk téh. Puguh harayang  ti baheula. Maranéhna teu sadar, yén baris dijadikeun paneumbleuhan. Diantara kuda, aya ogé nu teu daék mikeun tandukna. Ngarasa lebareun meureun! Teu nyalahan. Waktu nu moro daratang deui, nu dibororo téh lain kuda, tapi banténg! Aya éta gé kuda nu dibeubeurik, nya éta kuda nu teu daék mikeun tanduk na téa.

Ti saprak harita, kuda nu geus taya tandukna téh bisa hirup kalayan tingtrim. Lantaran nu moro téh pindah jadi moroan banténg. Sedeng kuda nu teu daék mikeun tandukna téa, nasib éta kuda kacida matak watirna. Kubaturna teu dipaliré, sabab geus ngalanggar hasil babadamian. Atuh ku banténg pon kitu kénéh, puguh lain bangsana. Tambah dibeberik waé kunu moro deuih. Ahirna maranéhna pindah ka Benua Afrika, sato nu awakna kuda tapi tandukan téh ngarana sato GNU. Tah, kitu sasakalana banténg pangna boga tanduk téh. Hatur nuhun. 

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top