0
Bulan nineung
bulan saha
bulan pangharepan
bulan urang duaan

Bulan nineung
bulan saha
bulan karisi-kamelang
bulan lin nu duaan

Bulan nineung
bulan saha
bulan kuring
bulan anjeun

bulan katineung
bulan nu saha
bulan katineung
bulan duka nu saha

Rosyid E. Abby
by-pass 17 juni 1992
Galura. No. 14 Taun ka-4, Minggu, 1 Juli 1992

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top