0
Kacaritakeun di hiji lembur aya hiji kulawarga ngaranna kulawarga Kabayan. Dina hiji poe kacaritakeun Nyi Iteung keukeuh hayang meuli tv.

Iteung
:
Akang… akang…! Kamana atuh si akang teh? Akang… akang..iih nyi iteung meuni geus lieur neangan?
Kabayan
:
Aya naon atuh Iteung? Meni asa rariweuh ieu teh.Titadi hayoh we pulang anting kaditu kadieu.Aya naon atuh?
Iteung
:
Akang pokona mah Iteung teu hayang apal, isukan akang kudu meuli tv jang Iteung!
Kabayan
:
Ke heula atuh Iteung! Meni asa tara-tara ngadadak hayang dipangmeulikeun tv, nya kunaon kitu?
Iteung
:
Ah pokona mah Iteung hayang tv, mun teu dipangmeulikeun  Iteung rek bebeja ka si Abah!
Kabayan
:
Ari masalah ka si Abah mah gampang atuh Iteung, paling oge si Abah nitah ngajual domba. Matak geus ayeuna mah ulah waka bebeja heula!
Iteung
:
Aeh-aeh si Akang pinter oge nya. Sok atuh ayeuna mah geura jual buru-buru domba na ngarah Iteung buru-buru boga tv!

Kacaritakeun Iteung geus meuli tv, tvna ditunda di kamar.

Abah
:
Ambu! Ambu! Kadieu geura sakeudeung!
Ambu
:
Aya naon abah!
Abah
:
Itu tenjo geura kaditu… kakamar Iteung meni asa rame, aya naon nya? Sugan pasea jeung si borokokok…
Ambu
:
Iteung ari eta tv meunang timana meuni weuteuh keneh pisan?
Iteung
:
Nya kenging meser atuh ambu! Kapan Iteung teh kamari tos ngajual domba jeung kang Kabayan, tah artosna ku Iteung dipeserkeun kana tv.
Ambu
:
Nya si kabayan bogaeun domba timana?
Iteung
:
Aeh aeh ari Ambu! Pan Iteung teh ngajual domba nu abah, da ceuk kang kabayan oge lamun Iteung wawartos ka abah hoyong meser tv, abah bakal ngajual heula domba.
Abah
:
Haah!! .. naon domba abah di jual ku si borokokok?.. dasar minantu kurang ajar. Kamana si borokokok kabayan… Kabayan!
Ambu
:
Sabar atuh abah ulah waka ngambek! Ka si kabayan urang tanya heula sing bener. Bari ge itu sangu ku ambu geus disiapkeun dina meja, hayu urang dalahar heula!
Abah
:
Pokona lamun si borokokok datang kadieu, ku abah rek di tampiling!!
Kabayan
:
Assalaamu’alaikum!
Abah, Ambu, wah kabeneran geus ngariung, asa rada lapar yeuh!!!
Abah
:
Aya naon maneh kadieu?!!?
Kabayan
:
He he… aeh Abah ari lemesna pangambung abah teh naon?
Abah
:
Naon kitu?
Kabayan
:
Atuh eta aya remeh. Matak ge ari tuang tong rarusuh teuing..
Abah
:
Naaa ari maneh ngomong teh teu sopan pisan, domba abah dikamanakeun? Hah!!
Kabayan
:
Geus dijual da nyi Iteung hayangeun tv, jadi abi ngajual domba abah.
Abah
:
Naha atuh bet ngajual domba nu dewek?
Usaha sorangan! Dasar si borokokok!
Kabayan
:
Nya atuh abah ari kitu mah, abi isukan rek indit nyaba ka Jakarta jeung nyi Iteung.
Iteung
:
Naon akang? Iteung rek dibawa ka Jakarta?

Kacaritakeun nyi Iteung jeung Kabayan arindit ka Jakarta. Sataun ti harita, kacaritakeun nyi Iteung jeung kabayan balik ti Jakarta, nyi Iteung balik ti Jakarta jadi rada seksi.

Ocoh
:
Adeuh….Iteung….meni geulis kitu!!!
Acih
:
Enya….meni jiga orang kota ayeunamah!!!
Tukang Jamu
:
Muhun……. jaba meni seksi…… jiga artis …... syah…..syah…. (bari hulang-huleng)
Ocoh
:
Teddy Syah…… atawa………….. Atalariq Syah?
Acih
:
Maenya Teddy Syah…. eta geuning Syahrini tea….
Tukang Jamu
:
Tah eta…anu gaduh tarang anti tsunami tea nya?
Ocoh
:
Pasti Syahrini teh asalna ti Aceh nya, make jeung aya tarang anti tsunami sagala.
Acih
:
Gusti….. meni teu garaul boga babaturan teh…. lain tarang anti tsunami… tapi jambul khatulistiwa jeung bulu mata anti badai…. sakalian we bujal anti dosol…. (bari gogodeg lieureun)
Iteung
:
Haiii……… Apal teu kamari Iteung tas dibawa ka Jakarta ku kang Kabayan,..
Ocoh
:
Wah! Rame teu?
Tukang Jamu
:
Aya naon wae di Jakarta teh?
Iteung
:
Wah!! Di Jakarta mah aya monas meni jangkung, kapan eta teh  meunang nyieun kang kabayan. Terus iteung di ajak asup kana keong emas, meni badag, eta oge sarua meunang nyieun kang kabayan.
Tukang Jamu
:
Wah meni hebat nya salaki nyi iteung mah bisa nyieun monas jeung keong emas.
Acih
:
Naha bet Iteung buru-buru balik kadieu?
Iteung
:
Eeeeh kang kabayan tea… atuh, salaki iteung pokona mah. Iteung ayeuna mah geus teu hayang tv, da nu sok aya dina tv na ku kang kabayan rek dibawa kadieu.
Tukang Jamu
:
Wah maenya??
Iteung
:
Eeeh enya, da ceuk kang kabayan oge lamun engke kang kabayan balik, iteung rek di pangmeulikeun monas, keong emas, kapal,.. wah pokona mah sagala rupa. Malahan mah domba si abah oge cenah rek digantian ku kang kabayan.
Acih
:
Cageur kitu si Iteung teh? Meni asa ngacaprak ngomongna teh.. Ceu! Ceu! Hayu ah urang balik!
Ocoh jeung Tukang Jamu
:
Hayu atuh!!
Iteung
:
Hey.. Ceuceu. Tungguan Iteung! Maenya iteung ditinggalkeun didieu sorangan..


Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top