Jep jempe...aya panggede liwat
Tong ribut atuh
Omat tong mungpang kahayangna
Sumuhun dawuh ...jigana aman
Teu langkung Pangersa
Bakal gumbiraeun geura ... mun pok kitu
Saha atuh Panggede nu dimaksud teh
Gegeden tea kitu
Atawa tamu agung...anu cinta rahayat
Ah muga-muga anu deukeut ka rahayat
Anu miheulakeun kabutuh balarea batan dirina
Bagea Panggede...haturan wilujeng sumping !
Kenging : INA
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar