Ti anggangna ieu duriat.
Ngalir cinta tali asih dina getih.
Saraga sabatin sahaté.
Raga anjeun aya dina jiwa abdi.
Jiwa anjeun aya dina batin abdi.
Satuhu kana pasini.
Saestu kana jangji.
Sasarengan,
mayunan kahirupan sangkan pendak kabagjaan.
Diiket ku pasemon jiwa.
Diraket ku kaagungan cinta.
Urang ulah rék pukah.
Urang ulah rék pisah.
Geugeut nyantélkeun cinta dugikeun yuswa ngantunkeun raga.
Kenging: Ibun Ngeuclak Ti Isuk
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar