Takdir teu beunang dipungkir
Jodo, pati, bagja, cilaka
Kagungan Mantenna
Rumasa baheula moyok
Rumasa baheula kuring ngalalaworakeun
Rumasa baheula nganggap enteng
Rumasa baheula henteu percaya
Eta sapuluh taun ka tukang
Jajaka gandang
Teu sangka anjeun teh balad kuring
Balad ulin maen karet, galah, gatrik jeung sajabana
Euh teu nyangka saeutik-eutik acan
Haturan nepangkeun, abdi “ Nining “
Jajaka gandang Ahmad jenengannana
Kawentar ka saban tempat
Loba nu reueus tur miharep
Miharep jadi minantu, lanceuk, adi atawa dulur
Teu kacatur nu miharep jadi batur hirup
Iis Nur Aisyah
Bdg, 080313
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar