Kuntang-kinteung
Kamana atuh melang
Tengah peuting kululuasan
Teu basa teu carita
Diantosan, nyamos
Deudeupeun, bakating sieun
Ngalangkang, hayang mah caang
Nyacas, hayang mah bengras
Aleum, sabab teu kateuleuman
Na kamana atuh panutan teh
Minggat teu puguh laratan
Pundung tanpa padungdung
Iis Nur Aisyah
Bdg, 020413
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar