0

Asih urang teh bet dugi dieu ning
Abot geulis paturay teh
Longkewang asa di awang-awang
Nguyung asa dialungkeun ka walungan

Ngalengleong palid ka hilir
Bari narawangan loba pikir
Nyuuh kana lahunan kanyaah
Tapi duka kanyaah saha

Beu
Nalangsa

Iis Nur Aisyah
Bdg, 310313

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top