0
Sawios ngintip sakedik
Ngintip kanyaah salira
Numawi rada ragu ieu manah
Margi pinuh kurasa kaasih

Alhamdulillah asih tos kapimilik deui ku diri
Namung naha bet rada teu bangblas
Ras hariwang salira hilap kana jangji
Ras ringrang salira mung heurey wungkul

Sawios tumaros rada rewel ka salira
Naha leres bade nyaah ka diri abdi
Euumm bagja pami sawangan janten kanyataan
Tiasa ngahijikeun manah kaasih saterasna

Iis Nur vAisyah
Bdg, 040413

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top