Poe ieu
Cimata ragrag teu kabendung
Ngabageakeun anjeun nu menta dihampura
Poe ieu
Anjeun datang lain salaku patandang rek tarung
Ngadu jajaten atawa kadugalan
Tapi
Anjeun datang ngarumpuyuk lir kapuk kaibunan
Teu daya teu upaya
Duuuhhh
Gusti Nu Maha Suci
Sapertos kieu geuning cocobi kanggo abdi
Gering batin rosa parna
Antara ngahampura atawa henteu
Kenging : INA

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar