Harita teh di Desa Kersaanyar Kacamatan Cilawu Kabupaten Garut awal taun 1947. Ngaran kuring Halim, karek asup sakola di kelas hiji Sakola Ra’yat. Geus biasa unggal isuk memeh asup ka sakola murid-murid sok dibariskeun di lapang hareupeun bale desa, kelas lima jeung kelas genep mah barisna teh bari marawa tongkat tina awi meunang nyeukeutan. Bapa guru sok nepikeun pangumuman atawa panerangan-panerangan, geus kitumah kakara murid-murid sina asup ka kelas. Mun ayeuna mah jigana baris kitu teh sarua jeung apel siaga.
Dina hiji isuk basa rek baris di lapang, babaturan nu ngarana Amir nembongkeun duit sasen tambaga nu geus petot, meureun katakol mah. Bari nembongkeun duit manehna nyarita “Urang meuli yu ka Ma Eyoh”. Teu nembalan kuring katut babaturan hiji deui nu ngarana Sapdia ngan nuturkeun Amir ka warung Ma Eyoh. Nu dibeuli teh buah pisitan sasiki. Ku manehna dipasian dibagi tilu. Bari ngaheungheum pisitan balik deui ka rek muru baris di lapang ngaliwat ka tukangeun masjid, ari gok teh pasarandog jeung anjing nu ngaherengan bari rek ngarontok. Sararea birat muru ka jalan gede ngaliwatan buruan Nini Ijah. Di buruan Nini Ijah teh unggal isuk sok loba tai entog jeung huut sesa parab nalambru. Gedebut teh kuring labuh tisoledat nincak tai entog, atuh gerewek anjing teh ngegel kana cangkeng.
Geus ngegel mah anjing teh lumpat deui we mangprung ongkoh mah pada ngudag deuih. Kuring cengkat, cangkeng urut digegel anjing karasa peurih, kitu deui bujur jeung tuur. Bujur urut kuku anjing sabab ngegel cangkeng teh bari ngekedkeun kukuna kana bujur, ari tuur mah urut tisungkruk kana batu.
Teu terus ka lapang kuring teh tapi balik diiringkeun ku Sapdia. Bapa kuring nu rek indit pisan ka sawah mawa parang keur nyacar galeng ninggali kuring balik bari ceurik, anjeuna nanya “kunaon make ceurik?” Di pangjawabkeun ku Sapdia “Digegel anjing edan, Mang”.
“Ieuh, pek weh rek digarawe mah, Emang mah itu geuning budak cilaka”, saur Bapa kanu ngarumpul nu rek bareng digawe jeung anjeunna.
“Muhun mangga Mang. Muga-muga Halim sing enggal sehat”.
Pa Marja Kokolot lembur sumping, kuring di jampe, raheut tapak digegel anjing ku anjeuna diburaan ku panglay, saurna “Keun moal lila ge cageur” cenah.
Jiganamah kaemut ku Bapa yen digegel anjing mah ulah di lalaworakeun, kulantaran eta anjeuna tuluy ka sakola bari ngakeup kuring rek ngumaha ka Bapa Guru.
“Jang Guru tangtos pun anak teh kedah dibantun ka rumahsaki nya?” ceuk Bapa ka Pa Guru.
“Kantenan wae Kang, mangga ka rumahsakitna mah sareng abdi”.
Bari ngakeup kuring Bapa ngiringkeun Pa Guru arindit ka rumahsakit nu aya di kota Garut. Ngajugjug ka rumah sakit teh badarat we, jauhna aya kana sapuluh kilometer. Jalanna ngaliwat Ngamplang. Waktu keur mudun di Reungas Pa Guru ngarandeg, bari gumujeng nyarios ka Bapa “Sapatu teh geus butut Kang, ah rek di tunda we da era dipake oge”.
“Teu langkung Jang Guru” ceuk Bapa. Pa Guru muka sapatuna tuluy disumputkeun dina dapuran awi di sisi jalan. Lancinganna nu ngajiripit meunang ngistrika sarta heuras meunang nganji disingklikeun nengah bitis, anjeuna angkat teu di sapatu. Geus puguh Bapa mah da sapopoe ge tara. Di rumah sakit kuring teh disuntik.
Ti rumahsakit terus ka kantor pulisi. Geus nepi ka kantor pulisi mah Pa Guru mulih tiheula, Bapa mah henteu da aya keneh nu kudu di uras-urus. Waktu balik, di jalan panggih jeung pamuda nu ngajingjing hulu anjing diwadahan kana rinjing cenah kudu disetorkeun ka kantor pulisi. Eta teh hulu anjing nu ngegel kuring tea, beunangna cenah digebug ku barera.
Pasosore Bapa pada nepungan naranyakeun kaayaan kuring. Diterangkeun ku anjeuna yen kuring teh kuduna mah dibawa ka rumahsakit di Bandung, tapi di Bandungna keur Geumpeur loba Walanda, nya keur ngubaranna teh kudu di bawa ka rumahsakit nu aya di Klaten deukeut Solo.
Nu narepungan lain kolot wae, barudak batur ulin ge aya daratang nepungan kuring. Maranehna muji-muji cenah kuring bakal loba pangalaman nyaba jauh tumpak kareta api,. Bubuhan waktu harita mah can aya barudak di lembur kuring nu ngalaman nyaba jauh bari tutumpakan deuih, mun nyaba paling jauh ka Garut eta oge bari badarat.
Sanggeus tilu poe ti tas kajadian kuring kudu dibawa deui ka rumahsakit di garut pikeun di pariksa, tapi moal balik deui ka lembur sabab kudu terus dibawa ka rumahsakit di Klaten. Ema jeung Nini tangtu wae sedih rek ditingalkeun teh tapi teu loba cacarita, ngan pasemona bae nu alum ngalimba.
Harita jaman sagala hese, rek nyanyabaan teh Bapa ukur mawa bekel sakadarna. Nu dibawa teh pakean saraket awak jeung koja weh dieusi sarung hiji katut jeruk garut aya kana tilu kilo mah, da ngan eta nu aya.
Urut digegel anjing teh di rumah sakit dipariksa da geus cageur raheutna mah, tapi oge disuntik deui. Ti rumahsakit terus ka kantor pulisi, di dinya geus nyampak aya sababaraha urang anu sarua tas digegel anjing sarat rek diinditkeun ka Klaten. Diitung nu rek indit teh aya genepan, nu digegel anjing genepan jeung nu nganteur weh duaan. Nu di gegel anjing teh kuring, Kang Mangsur urang Bentar, Nyi Oja urang Malangbong, jeung Ade ti Cioyod. Ari nu nganteur nyaeta Bapa jeung indungna Ade. Nyi Oja teu dianteur, ku Bapana di pihapekeun ka Bapa, kitu deui kang Mangsur manehna teu dianteur da geus pamuda.
Sararea ngumpul di kantor pulisi pikeun dicatet katerangan-katerangan keur bawaeun pulisi nu rek marengan isuk ka Klaten. Sanajan piinditeun teh isukan Bapa teu balik heula ka lembur sabab karunya ka kuring bisi cape. Mun balik heula teh hartina ti kantor pulisi harita muru ka stasion isukan teh kudu leumpang heula duapuluh kilometer. Nu balik mah ngan Kang Mangsur wungkul da Bentar mah deukut.
Sararea ngarendong di kantor pulisi teh patinggaloler dina bangku. Isukna, isuk keneh kuring digeuingkeun ku Bapa diajak sibeungeut di WC. Embung asup ka WC teh tadina mah, daek soteh bakat dipaksa. Kuring asup bari jejengkean jeung bibirigidigan, atuh da saincak-incak teh kokotor nalalambru.
Sanggeus beberes sararea ngabring ka stasion dibarengan ku pulisi. Kareta api geus nyampak, sararea langsung unggah kana gerebong, nu uras-urus mah pikeun kaperluan perjalanan mah nya ku pulisi tea. Harita jaman susah, boh uang kitu oge barang sagala hese. Tapi perjalanan jeung tatamba di rumah sakit teu jadi pikiran keur sararea oge da eta mah geus ditanggung ku pamarentah.
Cunduk kana waktu indit, riyeg kareta nu ditumpakan ngariyeg, kuuiiiiiiii….kk sora hatong ngajerit, jegjeg-jegjeg, jegjeg-jegjeg sora gilinding beusi ngageleng kana sambungan erel beuki lila beuki gancang. Bari nyarande kuring ninggali kaluar. Tihang kawat, jelema, tatangkalan, sasatoan, jeung sakabeh nu katinggali di luareun gerebong lalumpatan, ku kuring harita weleh teu kaharti naha bet kitu, lin kuduna mah karetana nu maju?
Kareta kebat maju ka wetankeun, awak karasa lungse, kuring nyarande gigireun Bapa. Sora gilinding nu jegjegan, sora haseuep anu bosbosan tina lokomotip sarta sakapeung dialokan ku kuuiiiiiiii….kk sora hatong asa mepende, teu karasa reup weh kuring sare. Hawa tengah poe anu kacida panasna ngahudangkeun kuring, mani hayang sahing-hingeun ceurik teu kuat ku hareudang.
“Keun sing sabar”, saur Bapa, “Anggur mah tuh ka deukeut jandela ngarah tiis kaanginan”.
Di luaren gerebong teh katinggali pasawahan nu kacida legana tangkal kai ancal-ancalan. Di handapan hiji tangkal kai anu anggang di tengah sawah katinggali aya saung gede. Di lembur oge aya saung jiga kitu teh sarua deih handapeun tangkal kai disebutna saung bah Wira.
Sangkaan kuring bareto ngaran saung gede tengah sawah teh Abah Wira, teu nyaho eta teh ngaran nu bogana.
“Pa itu aya saung Abah Wira” ceuk kuring bari nunjuk. “Lain” waler Bapa, “Abah Wira mah di lembur urang, ieu mah di banjar”.
Poe ngagayuh ka burit, kuring resep ngalong na jandela, nu katinggali di luar matak helok keur kuring mah, da puguh tara nyanyabaan komo ieu bari tumpak kareta sagala. Geus biasa pasosore teh barudak sanggeus mandi sarta salin pakean teh pating alabring sabatur-bataur.
Aya warung di kelek jalan anu motong erel kareta. Barang kareta rek ngaliwat, nu boga warung gancang nyokot bangku panjang sarta di teundeun ngujur jalan, itung-itung palang pintu ti dituna mah pikeun ngahalangan barudak nu ronghok mun kareta ngaliwat. Tangtu geus biasa kituna teh jigana mah. Harita oge hareupeun warung teh ngagimbung barudak laleutik.
Rupa-rupa pamolahna basa kareta ngaliwat teh, aya nu nonggengan, nu ngajebengan, nu meureupan, geus puguh nu nyurakan mah. Kareta terus maju, beurang geus ganti kupeuting reup kuring sare deui, hudang soteh digeuingkeun ku Bapa di stasion Jogja.
Bapa nyarita yen gerebong nu ditumpakan teh tadi rek kahuruan sabab silalatu tina hawu kareta nyarangsang dina hateup gerebong nu dilapis ku aspal. Hadena kanyahoan basa keur eureun di stasion Kutoarjo.
“Ngan kuring ripuh mapangku nu sare kawas bangke pindah ka gerebong sejen” saur Bapa ka kuring.
Turun di stasion Jogja teh geus peuting, sararea ngabring nuturkeun Pa Pulisi nu maturan ti Garut mula ngajugjug ka kantor pulisi.
Barang nepi, sup ka kantor, Pa Pulisi ngangkat panangan bari ngucapken merdeka ka nu aya di kantor. Sanggeus di bales kakara nepikeun laporanna nyaeta maksud datang kadinya sarta nembongkeun surat-suratna. Sanajan geus peuting ge pribumi jeung semah nu anyar datang ngadon terus ngalobrol di rohangan kantor pulisi teh. Ari barudak mah terus we galogoleran neruskeun hanca sare nu katunda.
Isukna ti kantor pulisi ngabring deui bae ka stasion muru kareta nu ka Klatenkeun. Kareta nyampak, atuh sararea naek milih pangdiukan sewang sewangan da kosong keneh harita teh.
Teu kacatur di jalanna geus nepi we, turun di stasion Klaten terus ngajugjug ka rumahsakit. Najan rada jauh rumah sakit aya kana sakilometerna mah, teu kana tutumpakan tapi ngabring we.
Anjog ka rumah sakit Pa pulisi teh nepikeun laporanna sarta mikeun susuratan ngenaan pasen nu karek datang. Samemeh laporan jeung sanggeusna teu kalangkung Pa Pulisi ngangkat panangan bari ngucapkeun salam “Merdeka” cenah. Patugas nu narimana oge kitu sarua.
Pa Pulisi wawartos ka Bapa jeung sabatur-batur yen tugasna geus beres, ayeuna najeuna kari mulih ka Garut. Bapa nganuhunkeun ka Pa Pulisi sartya ngadu’akeun supaya salemet sarta lancar di jalanna.
Pasen nu karek datang teh dipernahkeun di sal anu masih keneh lowong, kuring sasal jeung Kang Mangsur malah pangsarean ge ngarendeng. Nu gering di jero sal teh rupa-rupa kasakitna, kacida barauna di jero rohangan teh. Kuring kacida teu betahna, jelema nu sakitu lobana kabeh garering jaba nyarita na te kahalarti deuih, ngan Kang Mangsur wungkul nu bisa di bawa nyarita teh. Bapa teu meunang maturan sare di jero sal, tapi kuring embung ditinggalkeun atuh ngan hing weh kuring ceurik. Kapaksa ku Bapa ditungguan, geus kuring sare mah meureun Bapa teh angkat duka dimana kulemna.
Adegan sal teh teu ku tembok nepi ka luhur tapi duduk jandela, ranjang tempat nu gering ampir pageye-geye da nu geringna loba pisan. Di rohangan hareup aya meja sarta korsi paranti patugas, bangku panjang weh sababaraha hiji pikeun diuk nu aya kaperluan ka patugas.
Nu gering di gegel anjing edan mah awakna jaragjag, kulantaran eta sapopoe teh arulin we di luar. Asup ka jero sal teh mun pasosore rek sare atawa aya kaperluan sejenna. Diubaranana ku obat suntik dina sakuriling bujal. Mun poe ieu disuntik luhureun bujal, isukan kencaeunna, pageto handapeunna, tuluy katuhueunna, terus luhureun deui, kencaeunna kitu we nguriling salila dirawat teh.
Jam sapuluh isuk-isuk disuntik teh, dina tapakna gigireun bujal sok ngajendul sagede padudan kacida peureus jeung nyerina nepika nu tos disuntik teh langka nu teu terus ceurik, kajeun kolot oge. Rereana mah sosongkolan bari humaregung ngararasakeun bujal nu tas disuntik. Pa Aang mah urang Banjar, kolot eta teh, bakat ku sieun, memeh disuntik geus lewa lewe bari dodongkoan ngarampaan beuteung, barang manehna kagilirian barang jos barang gaur weh ceurikna narikan.
Kabeh nu aya di dinya teu aya nu teu seuri, nyeungseurikeun Pa Aang malah nu keur aduh alah humarurung ge sok nyelang heula seuri heula atawa paling henteu nyenghel mah kudu. Lamun Pa Aang datang ka tempat di suntik teh sok rame pada ngagonjak.
“Kajeun teuing da nyeri mah moal karasa ku batur!” jawabna ngabela diri.
Di bagi ompreng atawa dahar teh ti rumah sakit ngan sakali kalina jero sapoe teh nyaeta kira-kira jam duaan. Malum jaman darurat, sangu diwadahan kana piring seng nu geus barocok. Sapiring sangu teh teu pinuh, ari deungeunna mimindengna tempe meunang ngungkeb anu dikalapaan tea sakeureut. Sakapeung mah deungeun sangu teh tauco meunang ngagodogkeun tuluy meureun disiuk dikucurkeun kana sisi sangu.
Tara di dahar kuring mah mun deungeun sangu tauco teh da gila ninggalina, jiga taeun nu muncrut nyeri beuteung. Kang Mangsur mah sabalikna mun deungeuna tauco teh sok atoheun, “Kadieukeun ari gila mah keur akang” pokna teh bari nyokot piring kuring dikeruk tauco na.
Bapa isuk keneh sok geus sumping nyandak pincuk, eusina teh surundeng jeung kere weh sakeureut, tara ngirim sangu da langka nu ngajualna jaba mahal deuih. Barangdahar sapopoe teh kitu wae, isuk-isuk surundeng minangka sasarap pasosore sangu satengah piring. Jajauheun kana jajan mah kajaba eta oge mun Bapa aya nu miwarang didamel heug diburuhan, Bapa sok masihan lima sen mah ka kuring.
Lamun jajan kuring mah ngan sok weh mikeun duit terus nunjuk kana barang anu rek dibeuli, atuh diladangang kunu dagangna. Sakapeung mah ngaladanganna teh sok bari ngaheureuyan, kuring oge seuri we atuh bari teu ngarti naon maksudna.
Mantri tukang suntik teh urang Bandung nu ngungsi ka Klaten, barang terangeun Bapa ti Garut atuh diangken kudu kulem di bumina. Sapopoe Bapa sok sadamel-damel di bumina. Kurad-kored di buruan atanapi beberes lianna. Gareuha Pa Mantri sok dagang lotek di taweuranna, keur dagangna ku Bapa dipangdamelkeun sasaungan di sisi jalan.
Bapa jeung kuring mekel pakean teh saraket awak wungkul, ngan katambahan mekel sarung Bapa mah. Lamu pakean geus kotor pisan heug diseuseuh Bapa mah sok disasarung we ari kuring nya ditaranjang, kamana-mendi uulutudan.
Teu, teu era teu sing, da batur ge kitu sarua. Ditaranjang teh lain mun pakean keur diseuseuh wungkul tapi oge mun Bapa ninggali kuring kalahka gegetret. Ceuk Bapa “Buka sok urang alaan tumana” atuh porosot weh ku kuring di buka baju atawa calana teh. Sararieup baheula mah moyan teh sok bari ngalaan tuma, cetrek-cetrek ditindesan mun kapanggih tumana. Puguh mun ceuk ukuran ayeuna mah matak gila tapi teu kitu harita mah da sararea ge sarua kitu, teu gila jeung teu aneh.
Malah mun na pakean hiji jelema euweuh tumaan sok dipikahelok ku nu nyahoeun mah. Tuma teh sabangsa kutu ngan rupana bodas jeung leuwih gede ukuranna, cicingna sok dina nu nyumput saperti dina keliman pakean. Sarana kasehatan harita mah kacida kurangna nu matak loba kutu, tuma, jeung tumbila ge.
Ari tumbila nyumputna teh lain dina pangsarean wungkul dina korsi oge betaheun, rek korsi di imah, rek dina beus, rek dina kareta api sarua betaheun. Dasar korsi baheula mah pangdiukan jeung panyarandeanana lolobana tina anyaman hoe puguh tumaninah pikeun panyumputan tumbila mah.
Jaman sagala darurat harita mah, papakean langka nu baroga rangkepan, batur ulin ge loba nu sapopoena ditaranjang. Bakat euweuh lamak, goni ge dikaput dijieun baju atawa calana. Sabun langka jeung mahal, keur nyeuseuh papakean sok make cai sapu meunang ngaduruk. Keur mandi ngarah luduh daki teh sok make daun peuteuy selong meunang ngagelang atawa daun jayanti sarua deuih digelang heula memeh dipake teh.
Kasakit nu larap ampir ka unggal jelema nyaeta budug atawa rodek. Aya duaan budak nu digegel anjing sapantar jeung kuring sarta unggal poe sok babarengan, tapi ngobrol mah tara da pada-pada teu ngarti. Dina hiji poe kuring jeung babaturan ulin lalajo pandu nu keur latihan. Diatur jadi sababaraha barisan, nusawareh hanjat kana taktak nu sejena nepi ka jadi sababaraha umpak, nu pangluhurna saurang nangtung. Duka naon ngaran kaulinan teh kuring teu nyaho tapi aya nu nyebut nu kitu teh standen cenah.
Keur anteng lalajo aya anjing gede jeung hideung lumpat nyampeurkeun. Atuh kuring buru-buru nyingkir nyingkahan anjing, ari pek anjing teh kalah terus ngudag, kuring beuki sieun, ceurik weh ditarikan bari lumpat. Anjing diudag jeung digeroan kunu bogana, tuluy ditewak. Kuring pada ngupahan sanajan bari teu pati kaharti oge. Cenah mah anjing teh muru bungkusan nu dialungkeun, tapi barang nenjo kuring lumpat jadi cul kana bungkusan ngadon hayoh ngudag kuring. Lain rek ngegel cenah tapi anjing keur resep ocon.
Disuntik gigireun bujal teh aya kana duapuluhkalina geus kitu mah dianggap sehat, jaram anjing edan geus paeh moal ngabahayakeun deui. Lamun nu digegel anjing edan teu buru-buru dibawa ka rumahsakit matak bahaya. Apan cenah aya kajadian, di daerah banyumas aya budak digegel anjing edan teu dibawa ka rumahsakit tapi diubar-aber dilembur. Heuleut sababaraha poe budak teh jadi panas awakna, ngamuk jeung sosontrol kawas anjing, gep ngegel ka lanceukna. Cara adina, lanceukna teh teu dibawa karumahsakit, atuh teu beda jeung adina ieu lanceukna jadi panas, ngamuk sarta sosontrol sarta ngegel ka lancek nu panggedena. Budak nu tilu geringna beuki parna, pada ngajaga bisi ngabahayakeun batur, ahirna maraot kabehanana.
Ieu kajadian teh jadi obrolan di rumahsakit, duka enya henteunamah. Sanggeus disuntik duapuluh kali kuring sabatur-batur teh geus bisa mulang ka Garut. Nutupken disuntik teh harita poe kemis. Teu bisa langsung balik poe eta keneh dan can aya keur ongkos jalanna oge, kudu nungguan nepi ka poe senen cenah. Balik ti rumah sakit mah teu dianteur ku pulisi deui nya Bapa nu ditugaskeun jadi pamingpin rombngan teh.
Poe senen isuk-isuk kuring sararea amitan kanu aya di rumah sakit. Ngabring genepan nuturkeun Bapa nu nyandak surat ti rumah sakit ngajugjug ka kantor pulisi, laleumpang leuwih ti sakilometerna mah. Bapa di kantor pulisina teh rada lila, kuring sararea ngadagoan we bari ulin. Ti kantor pulisi tuluy ka kantor jawatan sosial. Bapa lebet ka kantor nyetorkeun surat, tidinya mah kalur deui nungguan dipanggil da harita teh geus ngagimbung jelema nu nungguan panggilan teh.
Kulantaran Bapa mah kaasup nu pandeuri ka kantor teh, atuh giliranna dipanggil teh pandeuri pisan. Aya papan digantungakeun dina tembok pinuh ditapelan poto rupa-rupa. Kuring sararea resep ninggalian poto teh. Aya hiji poto mun nu ninggali ret ka dinya sok matak seuri. Potona teh nagambarkeun jelema keur nagog na pacilingan mani bangun anteng ngararasakeun beuteung nu ngusial. Pacilinganna cukang awi luhureun balong dipindingan ku bilik dibunderkeun. ”Nu keur modmod” ceuk indung jang Ade bari seuri.
Wanci lohor kakara Bapa dipanggil. Sup Bapa ka kantor teu lila kaluar deui bari nyandak duit di keupeul. Bapa nembongkeun ka Indungna jang Ade bari nyarios “Tuh keur bekel” cenah.
Ti kantor jawatan sosial sararea ngajugjug ka setasion, Kareta api geus nyampak sararea langsung naek. Ngan duka Bapa teh duka ngagaleuh karcis duka henteu, nyebut duka teh pedah we pan mekel surat jalan ti kantor pulisi tea. Perjalanan sore teh ngan nepi ka Jogja, da geus burit mah taya kareta nu ka kulonkeun. Ku Bapa sararea dibawa ka kantor pulisi, sanggeus nembongkeun surat jalan sararea diaku jeung dipernahkeun di bangunan bagian tukang. Kuring ulin dipakarangan tukang, aya guha dua ngarendeng, jalan kajero guha ditangga-tangga, luhureun guha diamparan keusik kandel kurang leuwih satengah meter, dihandapeun keusik diamparan ku papan jati nu pohara kandelna.
Saur Bapa nu matak diamparan keusik teh sabab keusik mah teu tembus ku pelor atawa bom. Isuk-isuk keneh geus pamitan ka pulisi nu jaga rek muru ka stasion. Rada jauh oge ka stasion teh tapi teu cape da leumpangna teu rurusuhan jeung resep loba titinggalian nu araraneh. Nya harita di Jogja kuring mimiti ninggali beca da di garut mah can tutumpakan nu jiga kitu teh.
Datang ka stasion kareta nu ka kulonkeun can aya, atuh ngadon nungguan heula. Aya nu dagang jambu batu, bareureum jeung galede naker. “Pa, hayang jambu” ceuk kuring ka Bapa. “Engke”, waler Bapa “di lembur ge loba jambu mah”. Jeung enya na di lembur mah loba jambu teh, kuring teu keukeuh deuih hayang meuli jambu, da meureun najan Bapa nyepeng duit ti kantor jawatan sosial eta mah keur bekel sararea.
Bapa mun tepi kana mangsana dahar sok ngagaleuh sangu dipincuk keur sararea. Harita teh duit hese pisan diarahna, sanajan barang beulieun langka tapi teu mahal jiga ayeuna, harga beas ukur dua ketip saleterna, mun boga duit sarupia teh bisa dibeulikeun kana beas lima letereun, saratus rupia meunang limaratus letereun. Tapi baroga duit teh tara raratusan komo rebu, ukur sarupia dua rupia weh.
Ema kuring keur barang dahar sapopoe ngan henteu we barang beuli teh, cukup ku hasil tatanen wae saperti hui, sampeu, kacang, bawang, jeung sajabana. Hayang tempe sok nyieun sorangan, hayang oncom pon kitu deui, hayang endog nya kudu ngadagoan hayam ngendog heula. Mun popolah tara di goreng da minyak mah kudu di beuli, kitu we bangsa dibeuleum, diangeun, dipais, atawa dikulub. Eta teh lantaran hesena ngarah duit numatak boh Bapa boh Ema tara mere duit keur jajan.
Balik deui kana lalakon. kareta panumpang mah harita cenah dikurangan sabab lolobana dapake ngakutan tentara. Wanci lohor kareta panumpang karek datang, sararea gagancangan naek atuh da geus kesel ngalelentuk ngadagoan. Ieu kareta teh teu kebat deui wae ngan tepi ka Kroya, atuh turun deui eukeur mah geus burit deuih.
Di Kroya mah teu apal duka Bapa lapor ka kantor pulisi duka henteu, ngan wae tempat sare teh saperti kudang nu ngupuk. Tapi najan sare di tempat nu kitu bari teu diharudum, da tibra we sare teh. Isuk-isuk sararea ngabring ka stasion, ieu ge cara kamari kudu ngadagoan kareta deui. Basa kamari mah di Jogja kuring kabita teh ku jambu batu di Kroya mah kabita ku tahu meunang ngagoreng.
Aya nu ngadagoan kareta api sarua jiga kuring, salaki pamajikan. Salakina tangtuna tos dagang tahu da nyanghareupan nyiru nu dieusi tahu kari saeutik, aya kana sapuluh siki deui mah, cengek weh jeung uyah mayak na nyiru teh. Jigana mah cape jeung lapar ngahiji, bari cingogop nyanghareupan nyiru teh ngadon celemut weh ngadaharan tahu.
Digegel sabeulah-sabeulah bari dicocolkeun heula kana uyah nu mayak, di selangan ku cengek sapotong-sapotong. Kuring kabita tapi teu nyarita ka Bapa mah. Teu lila kareta api datang, atuh gancang sararea naek.
Teu kacatur di jalanna geus nepi weh ka Garut, palolohor. Sanggeus turun tina kareta Bapa silih hampuraan jeung Ema Jang Ade jeung kang Mangsur, urut babarengan ayeuna papisah. Sararea silih du’akeun muga bisa papanggih deui, tapi teu bisa papanggih deui da teu lila ti harita kasambung ku jaman geumpeur. Garut diserang ku Walanda, agresi militer ka hiji. Nyi Oja mah teu papisah di stasion da basa rek indit teh Bapana panuhun ka Bapa supaya di pangjajapkeun ka bibina nu aya di Kondangrege deukeut talun.
Ti stasion teh leumpang we tiluan ngajugjug ka bibina Nyi Oja. Di talun, panggih jeung nu rek ka Kandangrege bari wawuh jeung Nyi Oja, sakalian dipihapekeun waeh Nyi Oja teh, henteu terus dijajapkeun ka Bibina.
“Jig wae Nyi sing salamet. Emang mah teu bisa ngajajapkeun ka ditu da Emang mah jauh keneh, kaburu burit”, ceuk Bapa.
Sajeroning leumpang teh kuring luak lieuk, ongkoh ieu teh di Garut tapi teu aya tempat atawa wangunan nu apal, jeung leumpang teh ka keler teu mengkal-mengkol.
“Bapa rek ka mana ieu teh, apan rek balik?” kuring nanya ka Bapa. “Enya rek balik” waler Bapa. Bari Leumpang nuturkeun Bapa hate mah teu weleh heran, “Naha rek ka mana ieu teh?”. Keur kitu kadenge sada aya nu bebelentrangan, ari direret sihoreng di panday keur narakolan beusi. Tempat nu geus apal, malah kungsi dibawa kadinya ku Bapa waktu meuli pacul. Geus kitu mah kakara leungit ling-lung teh.
Nepi ka lembur meureun kira-kira jam lima sore mah. Ti Batuluhur katinggali jelema ngariung di astana.
“Bapa tinggali itu aya nu maot” ceuk kuring ka Bapa.
“Enya we, saha nya” waler Bapa.
“Meureun Mang Pe’i mah, da basa urang indit teh keur gering ripuh”.
“Enya meureun” saur Bapa.
Barudak nu keur rame ngadu langlayangan di Sawah Garing salah saurang ninggalieun kuring datang,
“Euleuh itu Halim datang”, pokna bari nyampeurkeun. Nu sejen ge nyalampeurkeun ngabageakeun.
“Saha nu maot teh barudak?” saur Bapa.
“Ceu Ijah budak Ambu Nenti, Mang” ceuk barudak mani reang.
“Euh, enya”.
Di imah kasampak Ema jeung Nini. Barang ninggali kuring jeung Bapa datang sakedapan mah hareugeueun, geus kitu mah gabrug nini ngarangkul, sono! Sapeupeuting tatangga daratang ngabageakeun. Pa guru nu ngajajapkeun ka rumahsakit isukna sumping ngalayad kuring, wanci lohor sanggeus bubaran sakola.
“Alhamdulillah, geuning budak teh geus sehat nya, Kang” saur Pa Guru ka Bapa.
“Sumuhun Jang Guru, mudah-mudahan we sing sehat saterasna” waler Bapa.
“Ieuh, kade engke mah ari ka sakola teh ulah bengbatan. Bisi aya anjing edan deui,” saur Pa Guru ka kuring bari gumujeng.
“Muhun,” jawab kuring bari tungkul.
“Basa wangsul ti rumahsakit tea, Kang. Pan abdi teh neundeun sapatu di Reungas, ari disampeur teu aya, ku nu ngabantun. Jigana mah ku tukang ngarit”.
“Atuh kumaha Jang Guru?” Saur Bapa.
“Ah, sawios Kang da tos butut ieuh” saur Pa Guru.
Dina poe nu kaduana kuring geus asup ka sakola deui. Barudak sakola malah kolot ge nu papanggih jadi arapaleun ka kuring, da ari kuring ngaliwat teh sok nyarita ka baturna “Tuh itu budak nu digegel anjing teh”.
RENGSE

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar