0

Adul keur maen bal di buruan imah tatanggana, keur anteung maen bal sorangan, balna di sepak satarikna keuna kana kaca jandela nepi ka peupeus. Mangkaning tatanggana randa, teu lila nu boga imah kaluar bari nyarekanan, si Adul ngabeucir lumpat.

Sajaba ti kitu manehna mikir, kumaha carana supados bal nu di jero imah bisa beunang deui, teu lila si Adul meunang akal. Teu ngendek lila si Adul keketrok kana panto nu boga imah eta. Assalamualaikum,,,nu boga imah kaluar, si Adul tuluy ngomong ngajeulaskeun yen bapana rek datang ngabenerkeun kaca nu pepeus. Bener bae teu lila aya saurang lalaki datang bari mawa pakakas. Ahirna si Adul bisa nyokot balna bari jeung rada di carekanan mun maen bal kudu ati-ati, si Adul unggut kaluar imah bari nyengir.

Teu lila kaca nu pepeus geus rengse di benerkeun, si lalaki ngasongkeun kertas nagih biaya ngomekeun kaca nu pepeus. Si randa ngajenghok reuwas bari nanya, "lain bapak teh bapana budak?" bari bengong heran. Si lalaki eta tuluy ngajawab "ih kuring oge nyangka suganteh si teteh indungna budak tadi."

Nyanggakeun.

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top