Assalamu’alaikum wr.wb
Alhamdulillahirobbil’alamin. Washolatu wassalamu ‘ala asrofil anbiyai wal mursalin, Allahumasali Muhammad wa’alla alihi washobihi ajma’in.
Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta.
Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep, tipayun mangga urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.
Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad saw., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.
Bapa miwah Ibu Guru, sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta.
Sim kuring salaku wawakil murid kelas genep, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa, 6 taun teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén salami 6 taun tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu kirang merenah kana manah. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda hapuntenna tina samudayaning kalepatan.
Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur.
Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola ti kelas 1 (Hiji) dugi ka kelas 5 (Lima), mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.
Kanggo pamungkas,
Meser kaos dimeteran,
meser sendal sareng pita,
Abdi mios rek pamitan,
rek ngahontal cita-cita.
Kamari mawa ragaji,
ayeuna rek mawa kisa,
Kamari urang ngahiji,
ayeuna urang papisah.
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.
Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta. Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalaamu alaikum wr. wb.

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar