0
Assalamu’alaikum wr.wb

Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun nuhun ka panatacaraga anu parantos maparinan waktos ka sim kuring saparakanca kanggo biantara sambutan dina raraga paturay tineung murid kelas VI SD ......... Bapak Kepala Sekolah sareng Bapak Ibu Guru anu dipihurmat, Bapa Ibu para tatamu sadayana anu sami dipihurmat, Rerencangan Batur sasakola sadayana anu ku sim kuring dipikanyaah.

Puji sukur kehadirat Allah SWT. shalawat miwah salam mugi tetep dikocorkeun, dikucurkeun, digolontorkeun ka kangjeng nabi Muhammad saw. Miwah ka kulawargina, ka para sohabatna tur dugi ka urang sadayana ogé salaku umatna. Nepangkeun sim kuring wasta pun Muhammad Rizal Kelas VI A di ieu sakola ngiring nangtung tumalapung jojodog unggah ka salu, seja sabda tumapalangnyarungsum pamaksudan ti sadayana réréncangan ngalangkungan biantara sambutan dina ieu acara paturay tineung murid SD ....... tahun ajaran ....../......

Saperkawis sim kuring sakalih ngarasa gumbira tur bingah amarwata suta bingah kagiri-giri bingah nu taya hinggana wiréhna sabada simkuring sakalih nampi serat wawaran kalulusan unggelna éta serat simkuring masing-masing diéstukeun lulus. Kalihna ti eta, simkuring sareng sadayana murid kelas VI ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan ka Bapa Kepala Sekolah, Ka Bapak sareng Ibu Guru wirehna sim kuring sareng sadayana murid tiasa lulus kiwari estu kulantaran hasil dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran ku Bapa sareng Ibu Guru anu dugi kadanget ieu 6 taun parantos kalangkung.

Salajengna sim kuring saparakanca teu hilap ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan ka Ibu Rama anu parantos heésé béléké tur capé ngurus sareng ngajurung laku ka simkuring sadayana salaku pala putra tiasa sakola di SD ...... Sakitu biantara ti sim kuring, hapunten anu kasuhun hampura nu kateda upami aya cariosan anu teu merenah.

Pamungkas basa, sim kuring sadayana neda agung cukup lumur jembar sih hampuntenna ka Bapa Kepala Sekolah Ka Bapa Ibu Guru sareng ka Ibu Rama tina samudaya kalepatan, kaluputan, kabodoan, kabangangoran sim kuring sadaya.

Bilahitofik Wal-idayah Wassalam mualaikum wr.wb

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top