0
Sampiung ngapung ka manggung
Ngalayang di mega nangtung
Ngalayang di mega malang
Nyerangkeun bentang baranang

Kumacacang kumalayang
Paheula-heula jeung heulang
Pahiri-hiri jeung geuri
Lega setra alam padang

Ngalayang di awang-awang
Ngaiantung luhureun gunung
Sukan-sukan di kahyangan
Rata-sirna poe-panjang

Diasuh ku Sunan Ambu
Dijaga para bujangga
Diaping para pohaci
Sakarepna sakahayang

Manggung teh panggungna rasa
Awang-awang wangwangan kahayang
Sunan Ambu ambuna napsu
Bujangga ngajak rancage
Pohaci nu mawa tigin
Kana hurip hirup aing

Paheula-heula jeung heulang
Heulang soteh dina awak
Pahiri-hiri jeung geuri
Geuri soteh dina diri

Nyatana nya aing jeung aing
Pahiri-hiri jeung diri
Paheula-heula jeung kahayang
Di dunya sapangabetahna

Ajip Rosidi
Sumedang, 1959 Tina Jante Arkidam

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top