0
Peuting kingkin
Hawar-hawar kapireng hariring
Melas-melis nyeuitan rasa
Sumélékét, ngélékéték rasa
Guligah

Reup, langit angkeub katutup halimun
Bulan sapasi kabulusan
Pireu, taya sora nu bisa meuraykeun lalangsé
Hahalang antara urang

Taya haréwos landong kangen
Taya iber, ubar liwung
Duh, Naon hartina asih
mun dumalingding matak peurih?

Ka mana nyiar Anjeun?
Ku sono hayang salawasna pataréma
Ka mana nyiar Jungjunan
Naha nyumput dina bulan?
Atawa tilem jero sagara.

02-01-2014
By: Ai Wawang Halimah

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top