0

Di antara rajegna gedong saligrong
Kuring micangcam saung jangkung
Pikeun nyawang ka sakuriling tangtung
Di antara gurilapna sarwa permata
Kuring hayang ali suasa
Keur sosoca mun diri keuna ku bahla

Gusti,
Tan wilangan renebna pangeusi dunya
Ngan sahiji nu ku kuring dipiseja
Kasakten ngayonan napsu durjana!

Etti RS
Bandung,1995

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top