0
Ibtida kahiji

Mitembeyan ku hamdalah, nganteur lengkah ngalalanyah khutbah, sugri puji estu kagungan Ilahi tempat sadaya mahluk gumusti. Inyana, Allah, tempat urang meredih malar tebih ti kasedih, tempat urang nyalindung tina lampah anu rucah. Sing saha anu kenging pituduh Allah, baris lunta dijejeran ku padika. Sing saha anu disasarkeun, tangtu kasarung, hirup teu boga lulugu. Sugri wargi anu insyaa-allah dimulyakeun ku Mantenna.

Khotib umajak, ka diri aking katut dulur jenuk anu cunduk, sumangga urang mancegkeun kereteg kalawan takwa anu weweg, takwa anu ngempur jadi syukur, nalika ni’mat teu kendat ngagolontor. Takwa anu ngampar jadi shobar, dina mangsa tigerat seuseut rek udar. Sugri wargi anu insyaa-allah dimulyakeun ku Mantenna.

Dina bubuka parantos didugikeun dawuhan Allah dina al Qur an surat ka genep puluh genep ayat ka genep, at Tahrim, anu hartosna:

He sadaya anu ariman, piara diri andika sarta kulawarga tina seuneu anu pamirunna jalma jeung batu.

Wawadi anu kaunggel di luhur sanaos dina tarjamah disebatkeun anu kedah disinglar teh naraka, khotib moal waka anggang manteng sawangan tur tebih ambahan, urang cerek caketna wae nyaeta seuneu anu aya ayeuna dina hirup kumbuh anu lumrah.

Adatna seuneu nyaeta panas nyongkab, matak hareudang matak bayeungyang upama pareng kaheab upama kuurang dititenan surat at Tahrim sabeuleugeunjeurna, ayat kagenep teh mangrupi pamungkas paragraf kahiji anu ti kawit ayat ka hiji dugi ka ayat anu kalima eusina ngebrehkeun kaayaan rumah tangga anu marudah.

Dina hirup kumbuh sadidinten rada ilahar lamun paham diantara papada anggota kulawarga pabentar, tapi upama guntreng teu kantos suwung, ngerewih taya euih-euih, bumi karaos nyonkab matak teu betah ngarereb.

Rasulullah sholallahu ’alaihi wassalam kantos ngadawuh, rehna malaikat rohmat moal anjog ka bumi anu di lebetna aya arca sareng anjing. Sapalihna ‘ulama aya anu nafsirkeun yen anu dipimaksad ku kecap arca sareng anjing teh nyaeta laku lampah pangeusi eta bumi anu miyuni arca sareng anjing.

Ari arca aya jentulna tapi ukur ngahintul, ngabetem teu werat gunem, kakeuheul jeung kahanjakal teu kungsi kedal tapi disidem. Najan pagiling-gisik unggal usik, saban waktos pajonghok, teu lemek teu nyarek, malah teu rindat-rindat acan.

Ari anjing pangadatanana teu weleh hahaok tur hohoak, sora teu kauger ku jarak, najan adek teu weleh sesentak, boh tengah poe mentrang mentring atanapi dina mangsa jemplingna peuting. Silih gebes teu kantos pungkas.

Upama pangeusi imah teu daek patanya atawa sawalerna silih sengor silih sentak nya pantes moal diroris ku malaikat rohmat jalaran taya gunem nu matak tengtrem, pareng ngabetem estu sanes matak ayem sawalerna malah jadi pameuleum.

Kadang baraya nu kapihormat bari jembar ku rohmat.
Upami ku urang dilenyepan deui ayat-ayat munggaran surat at Tahrim, tetela urang sadaya wajib ngantengkeun pola komunikasi anu euyeub ku kadeudeuh, jembar ku kanyaah diwuwuh rasa silih ajenana di antaraa papada anggota kulawarga. Eta model komunikasi teh dina ajaran islam katelah silaturrahim. Upami urang gugon tuhon kana papagon, hirup kumbuh dieueuh ku pituduh, Insyaa Allah urang moal sagawayah dina nyarios, oge moal sompral ngedalkeun kakesel, baris kawengku geusan betah dina lumaku.

Komunikasi anu didadasaran ku kanyaah kalawan weweg ku kereteg ibadah tangtos tumaninah baris betah umah-umah. Silaturrahim bakal ngajurung laku tarapti, ati-ati milih kecap malar larap dina ucap oge nerap dina lakuning hirup. Barokalloh

Ibtida kadua

Sakur dulur nu kapirengkuh tur ginulur dina barokah
Kangjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wassalam ngawawadian: moal lebet ka sawarga pikeun anu megatkeun silaturrahmi.

Kalintang tojaiyahna dina mangsa manusa teu reureuh ngahangkeutkeun teknologi komunikasi tapi silaturahmi malah reuntas. Dina wanci sakedet urang tiasa ngawangkong sareng jalma anu aya di nagri deungeun anu tebihna teu kinten, malah aya dina dinten anu benten. Tapi hubungan antara eusi kamar nu hiji sareng kamar anu sejenna di hiji bumi, malah antara papada pangeusi kamar teu aya komunikasi meueus-meueus acan, istuning kamalinaan, padahal pikeun nanjeurkeun imah di sawarga kudu ngamparkeun heula sawarga di imah Allah langkung bedas dina nyeukseukan jalma anu neukteuk silaturrahim, sumangga urang neuleuman deui ayat ka lima likur dina Qur an surat ka tilu welas- ar-Ra’du,

Alladziina yanqudhuuna ‘ahdallah min ba’di miitsaaqih, Wayaqtho’uuna maa ’amarollohu bihii an yushola wayufsiduuna fil ardh, ulaaika lahumulla’natu walahum suu-uddaar.

Jalma-jalma anu ngaruksak janji Allah nu tos panceg, sarta megatkeun naon anu janten pancen ti Allah geusan masketkeun silaturrahim tur ngaruksak jagat, maranehna bakal meuneng la’nat aya di tempat anu kacida walurat.

Dina ayat ieu mah Allah negeskeun yen mugag komunikasi megatkeun tatali asih teh sanes ukur baha kana parentah tapi oge saru jeung ngaruksak tatanan kahirupan dunya, numatak wawalesna meunang la’nat sarta cicing di tempat anu hina.

Dina kalawarta sareng televisi teu kawilang mindeng beja ngeunaan rumahtangga anu palastra, pasea rongkas salaki jeung pamajikan anu salian papada didekeng ku adevokat oge papada silih tempas dina media pers ngabejerbeaskeun kagorengan nepi ka koredas. Atuh beja ngeunaan bapa ngagadabah anak wanoja pituin atanapi anak nandasa indungna teu kinten seueur. Upama komunikasi anu ikhlas dibarung tali asih reuntas balukarna hirup jadi teu surup.

Rumahtangga mangrupa pranata pangleutikna dina hirup kumbuh, upama ambahanana dilegaan jadi organisasi, teu pati benten, kandegna silaturrahim di lingkungan organisasi tiasa ngabaruntakkeun kapamingpinan anu kuduna paheuyeuk leungeun silih rojong geusan pancen nohonan pancen migawe program dina ngahontal udagan. Katugenah sareng kateupanuju diumbar teu kawengku padahal aya forum anu payus pikeun babarengan ngabebenah anu teu merenah. Rapat sanes dianggo ngaraketkeun hate malar gawe tambah rancage, tapi sabalikna jadi arena silih sorongot, ragot bari kekerot, di DPR mah dugi kasilih tonjok.

Upama di legaan deui kana pamarentahan sareng hirupkumbuh di masarakat, urang nyaksian asa unggal usik aya masarakat anu ngabring aleut-aleutan ka pendopo atawa gedong depeerde pikeun ngedalkeun aspirasi ngeunaan keteupanujuan kana kawijakan pamarentah. Asa teu aya hiji pasar anu diwangun teu dituturkeun ku “unjuk rasa” teu ukur pasar tapi fasilitas nu lian oge teu kalis ti demo ayeuh-eyeuhan. Ieu netelakeun yen pamarentah teu pati perceka dina ngomunikasikeun kawijakanana atawa bisa jadi memang teu kungsi aya komunikasi, anu pamustunganana ngaruntagkeun komara pamarentahan.

Jama’ah nu kapilenggah malapah haflah pinuh barokah,
Wangsul kana jejer anu didugikeun rehna urang kedah miara diri tina seuneu anu nyongkab, sumangga urang ngaleahkeun deui manah ngaleukeunnan ngantengkeun kadeudeuh, mulas lampah ngaraut laku malar rengkak-talajak teu ngarempag padika. Sanes ukur ucap tapi oge rindat.

Manah anu leah dibarung rasa kanyaah dirojong niat ibadah bakal ngajenan deungeun malar diri nyangking inajen anu antukna kenging ajen ti mantenna. Ukur anu ngagaduhan rasa hormat anu bakal kapihormat.

Pamungkas, sumangga urang mancegkeun ati sasarengan munajat ka Alloh nu maha ijabah,
Gusti abdi sadaya depe-depe dipayuneun Anjeun pikeun waleh tur tawakup tina sadaya kalemahan sareng kakirangan. Sanaos lir taya pupurieunana mugi gusti tiasa nyatet najan sakotret sagala tarekah abdi sadaya dina nyubanan parentah anjeun, rumaos sok seueur baha mugi gusti ngahampura malar teu janetn mamala.

Yaa Allah, abdi sadaya teu petot-petot munajat malar disinglar tina rasa ceuceub ka papada, malar hate teu ngolembar tina tuhu ka andika lungsurkeun rohmat hangkeutkeut taat.

Yaa Allah, saestuna sim kuring sadaya ariman, numawi kitu meredih sangkan gusti maparin maghfiroh, ngahapunten saneskanten dosa abdi sadaya tur ngayuga tina seuneu anu rongkah.

Robbanaa laa taj’al fii quluubina ghiilalilladziina aamanuu.
Robbana laa tuzigh qulubanaa hadaytana wahablana min la dunka rohmah innaka antal wahab.
Robbana inna naa aamanaa faghfirlana dzunuubana waqiina ‘adzaabannar.
Innalloha ya’muruukum bil ’adli wal ihsan.
Barokallohu lii walakum wa nafaani waiyaaya bitaqwalloh.

Ku Dadan Dania

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top