Moal, moal nolak
Lamun hiji waktu anjeun di dieu
Moal, moal sakali-kali deui
Ngaraheutan hate anjeun
Ampun, kaduhung sagede gunung
Rumasa, ngalalaworakeun
Rumasa, nganggap enteng
Beu, geuning kuring nu ngegel curuk
Kaduhung tara tiheula
Kaduhung mawana bingung
Kaduhung hese dipulung
Kaduhung gering ngalanglayung
Kenging : INA
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar