Célak béntang timur
di teuteup ku reueus kalah ngalices kemba.
Isin ku langit, walerna halon.
Tanggah, leres ning!
Luhur langit nu lengkung lega ambahana taya nu mapakan.
Langit kingkin,
gura-giru nyalimutan diri ku haleungheum.
Girimis nepikeun sedihna.
Lirih.
risi sieun kurasa mokaha
bakal kénging bebendon ti nu Maha Luhur!
Situ Ciburuy

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar