0
Alhamdulillah Wassukru ala niamilah. Wassolatu Wassalam ala Rosulillah. Wa Ala Alihi Wa Sohbihi Wa maw walah amma ba’du.

Girang pangajeng anu ku sim kuring dipihormat, Bapa miwah Ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, réréncangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut.

Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka Dzat Illahi Robbi, anu parantos nakdirkeun urang sadaya tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempatan anu sakieu mulyana. Mudah-mudahan Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng mangfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan.

Hadirin anu mulya, Alllah parantos ngagelarkeun makhlukna, tegesna umat manusa, kalayan rupi-rupi ras, bangsa, suku, sinareng golongan. Masing-masing ras, bangsa, sareng suku téh aya dipirang-pirang tempat sareng wilayah anu beda, ngagaduhan adat, budaya, bahasa sareng kabiasaan séwang-séwangan.

Didawuhkeun dina kitab-Na, sadaya éta téh sangkan tiap-tiap bangsa, ras sareng suku téh silih wawuh, silih hormat, jeung silih ajenan.

Litaarofu, kitu didawuhkeun dina Al-Qur’an!

Hadirin anu mulya, budaya anu tumuwuh di masing-masing bangsa sareng suku bangsa-bangsa téh ngajenggelek jeung ngawujudna nyaeta dina basa, kasenian, pakean sareng adat kebiasaan sanésna. Sajaba ti éta, aya budaya anu langkung linuhung nyaéta budaya anu ngajenggelek dina wujud élmu pangaweruh, téknologi sareng anu sanésna.

Urang sadaya salaku warga hiji suku bangsa, nyaeta suku sunda, kawaris ku para karuhun, hiji budaya nyaéta budaya Sunda. Kakoncara budaya anu linuhung, anu rembeuy ku seni anu luhur ajénna, waditra anu dipikawanoh ku sakumna jalma saperti angklung, kacapi, sareng sajabina. Seni sora anu kakocap ka manca nagasa saperti seni degung, kawih sareng cianjuran, diwuwuh ku alam anu éndah, héjo lémbok sugih mukti, subur tutuwuhan, beunghar pepelakan, éta sadayana anugrah ti Allah SWT kanggeurang sadaya, seuweu siwi pajajaran.

Hadirin anu mulya, nya kawajiban urang sadaya ayeuna, nyaéta ngamumule, miara, ngajaga ngariksa sakumaha budaya warisan karuhun téa. Patarosanana kumaha carana urang ngajaga sinareng ngariksa budaya urang sunda?

Pamendak sim kuring mah, kahiji urang sadaya sing rajin diajar, khususna tina rupi-rupi materi anu aya patalina sareng budaya sunda. Urang sing wanoh, sing kenal kana budaya sunda. Kadua, urang sing héman, sing nyaah kana budaya urang, kana basa sunda umpamana, urang kudu rancingeus bisi aya batur anu ngaruksak kana basa sunda, anu nyarita ku basa sunda tapi teu puguh alang ujurna, sunda lain malayu lain. Urangna sorangan deuih ulah mirucaan nyarita basa sunda bari teu kantenan undak usukna. Pon kitu deui kana kasenian asli sunda, aya paribasa jati kasilih ku junti. Degung, kawih kahihilapkeun da moho teuing kana dangdut éléktunan.

Mudah-mudahan, ti ayeuna kapayun aya kereteg dina manah urang sadaya, hoyong ngamumulé, ngajaga sinareng ngariksa budaya sunda, budaya urang sadaya, Amiin.

Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan.

Wabillahi Taufik Wal Hidayah
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Copyright © Tatar Pasundan 

Posting Komentar

 
Top