Imut Salira rekah
Pageuh nalian juru paneuteup,
Ngoyagkeun rohangan haté nu simpé.
Angin humandeuar
Lirih kingkin
Iwal Salira,
Nu cékas dina implengan nu célak.
Nyelap dina beungkeutan sagala warni nu ligar hégar.
Hamo kasilih nu lian
Dina renungna kahayang,
Dina tumamprakna alas harepan,
Nu nyambuangkeun wawangen impian.
Padalarang.
Pageuh nalian juru paneuteup,
Ngoyagkeun rohangan haté nu simpé.
Angin humandeuar
Lirih kingkin
Iwal Salira,
Nu cékas dina implengan nu célak.
Nyelap dina beungkeutan sagala warni nu ligar hégar.
Hamo kasilih nu lian
Dina renungna kahayang,
Dina tumamprakna alas harepan,
Nu nyambuangkeun wawangen impian.
Padalarang.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar