0
Layon teh poe ieu dikurebkeun
Digotong ku opat jalma
Ti opat juru
Dua hareup
Dua tukang

Perlu keneh balarea geuning
Teu walakaya
Teu bisa mulang sorangan
Tetep menta bantuan nu lian

Bral layon geura miang
Mulih ka Mantenna
Asal tina taneuh
Mulang deui ka asal

Nun Gusti Nu Maha Agung tur Welas Asih
Mugia ditampi Iman Islamna

Kenging : INA

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top