Biantara nyaéta, nyarita hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji perkara, sipatna monolgis, ukur diréspon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasémon.
Tujuan Biantara:
- Informatif
- Pérsuasif jeung Instruktif
- Édukatif
- Éntertaint
Materi Biantara:
- Bubuka
- Eusi
- Bahasan
- Kacindekan
- Métode Impromtu
- Métode Ngapalkeun (mémoriter)
- Métode Naskah (manuscrip)
- Métode Ékstémporan
Guna Biantara:
- Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud
- Ngaronjatkeun ajén diri
- Ngarojong Léadership
- Jadi puseur panitén masarakat, dihormat jeung dihargaan.
Wanda Biantara:
- Ceramah
- Pamapag/sambutan
- Pedaran/bahasan hiji pasualan
- Natar (up grading)
- Laporan
- Kampanyeu/propaganda
Tarékah Ngaronjatkeun Kamampuh Biantara
- Diajar dina organisasi
- Numuwuhkeun kawani tumanya
- Ngaregepkeun ceramah ilmiah
- Réa maca
Hambalan (Tahapan) Biantara:
A. Sasadian (Persiapan)
- Nangtukeun tujuan jeung topik
- Ngawasa matéri nu rék ditepikeun
- Mikanyaho audience
- Mikaweruh situasi jeung kondisi
- Nyiapkeun fisik jéung mental
B. Tahap Midang
- Muka omongan
- Ngabiantarakeun eusi
- Nutup biantara
Biantara Paturay Tineung
Assalamu'alaikum Wr. Wb
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakséni upacara Paturay Tineung, wiréh sim kuring saparakanca badé ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti réréncangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angan.
Mungguh ari waktu asa nyéak pisan sajorelak. Asa kamari kénéh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah deui neraskeun sakola, ngahontal hareupan sareng cita-cita.
Kantenan baé salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar milarian élmu. Ruang-riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng réréncangan. Tangtos baé éta sadayana bakal jadi 'kenangan' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaéan Bapa kalih Ibu Guru sadayana, élmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh élmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu saé sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poék sareng nu caang.
Teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaéan Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males éta kasaéan, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining élmu parantos dipaparinkeun, kénging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.
Atuh salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan baé seueur pisan kalepatan tur kaluluputan. Seueur pisan sikep sareng nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan.
Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur..
Mésér kaos dimeteran,
meser sendal sareng pita.
Abdi mios rék pamitan,
rek ngahontal cita-cita.
Kamari mawa ragaji,
ayeuna rék mawa kisa.
Kamari urang ngahiji,
ayeuna urang papisah.
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.
Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar