Rombongan anggota DPR jeung politisi partey UGER (Ucing Gering) ngajigjug ka hiji lembur singkur, dina raraga kampanyeu pilkada. Acan oge nepi ka tempat nu dijugjug geus tariking nasib, beusna tiguling asup ka jurang nu kacida jerona. Atuh ampir kabeh panumpangna tiwas , iwal ti sababaraha urang nu masih engapan. Sanggeus dipulasara sakumaha mistina dina poean ka tilu laju sakabeh korban teh dikurebkeun ku urang dinya.
Dina poean ka lima kakara pulisi daratang bari tetelepek nanyakeun hal kajadian.
Pulisi: "Iraha kajadiannana ieu kacilakaan teh?"
Warga: "Kirang langkung bada magrib lima dinten nun kalangkung."
Pulisi: "Kunaon langsung dikurebkeun bae, lain nungguan pulisi!"
Warga: "Waduh, teu aya nu wantun Pa lapor ka pulisi mah , margi sok sieun dijantenkeun saksi. Urusan sareng pulisi tea atuh!"
Pulisi: "Diantara sakitu lobana korban naha masih aya keneh nu hirup?"
Warga: "Saleresna mah aya, malihan aya dua tilu urangna nu nu menta tulung."
Pulisi: "Tah di marana ayeuna korban nu saralamet teh?"
Warga: "Nu mawi sadayana oge tos langsung dikurebkeun!"
Pulisi: "Naha bet kitu...?"
Warga: "Margi sakaterang abdi sadaya mah anggota DPR sareng politisi teh loba bohongna batan benerna, mun ayeuna ngomong kitu isukna geus beda deui. Numawi basa aya nu ngaku hirup keneh oge da teu aya nu
percanteneun!"

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar