Assalamualaikum Wr. Wb.
Mukadimah (Inalhamdalilah……./Alhamdulilah Wasalatu Wasalamu…… )
Langkung tipayun puja urang sanggakeun kanu maha kawasa puji kanu mahasuci, sukur ka Alloh Anu Maha Gofur anu masih kénéh ngusik malikeun awak sakujur, tug dugika kiwari masih kénéh masihan jatah umur, ngan omat éta umur ulah rék dihambur-hambur komo mah dipaké ujub ria jeung takabur, bisi urang kagolongkeun ka jalma anu kufur. Anggur mah yu urang seueurkeun sukuran nu malah mandar jaga di alam kubur kénging pangampura ti Alloh Anu Maha Punjul amin...........
Ogé sholawat miwah kasalametan mugia dilimpahcurahkeun digulunturkeun ngocor tur ngagolontor, ngalir tur ngamalir kajungjunan urang sadayana nyatana ka Kangjeng Nabi Muhamad saw. Kapara kulawargana, kapara sahabatna, ka para tabi’in-tabi’atna, anu malah mandar tug dugi ka umatna nyatana urang sadayana, anu mikaconto tur nulad kana tapak lacak mantena tikawit dugika ahir.
Dina leresan ieu sim abdi ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu panata acara anu ku simkuring dipihormat ka dewan juri anu dipiati, ka Ibu Guru miwah Bapa Guru anu di tungu-tungu ogé ka réréncangan sim kuring anu masih kénéh calik di bangku SD anu sararae tur harade. Dina danget ieu sim abdi anu teudisangki-sangki tiasa ngadeg di payuneun para wargi, turta tiasa cumarita dipayuneun para Ibu miwah para Bapa, sanés baé ku tiasa jeung biasa sim abdi ngiring lomba, ngan sim abdi hoyong tiasa nyarita ku basa sunda dina ngadugikeun biantara.
Tangtosna tatar pasundan anu éndah taya duana dibarengan ngajadikeun urang betah cicing didinya di lembur matuh banjar karang pamidangan tempat ngiuhan tina hujan, tempat niis lamun beurang reureuh ngampih lamun peuting, cai wahangan cur-cor tina sungapan maseuhan sawah numuwuhkeun paré nu bisa kapetik hasilna kaala buahna. Tuh pan lamun tea mah lembur ku urang tetep dijaga kaéndahana teu diruksak ku leungeun-leungeun sarakah nu matak jadi teu éndah.
Cobi tinggal dikota-kota tos sesah mendakan sawah, tos jarang aya pancuran. Tos dibangun mol pangbalanjaan anu megah nepi ka teu merhatikeun bahayana. Mangpang-meungpeung hirup di lembur anu masih kénéh asri, kuring mah hayang jaga tetep kieu rangkongna sora bangkong, réangna sora jangrik jeung récétna sora tongérét mapag sareupna wanci kaburitnakeun.
Kaendahan tangtu lana mun jalma sadar nyaah jeung miarana enya-enya teu jorok ka lembur sorangan, miceun runtah dina tempatna, kai teu dituar sangeunahna nu ahirna alam méré akibatna. Mangpang-meungpeung hirup ayeuna hayu urang jaga lembur pamatuhan, nu éndah taya papadana ku urang keur urang anu urang.
Sakitu anu kapihatur, nanging sateuacana sim kuring gaduh sisindiran.
Ngalamun mubuy bakakak,
mawa dahan tina tulang.
Mun lembur tuluy di ruksak,
musibah datang, kaendahan oge ilang.
Mung sakitu anu kapihatur, sateuacan amit mungkur nyuhunkeun dihapunten boh bilih aya kalepatan sareng kakirangan, bobot pangayon timang taraju aya dipara ibu, jembar hampura anu diteda aya di para bapa, titi surti sarta ngarti aya di dewan juri.
Ditutup ku du’a,
Ragi sabeulah di banjar,
diremetkeun duanana.
Pamugi Alloh ngaganjar,
nyalamekeun sadaya.
Wabilahi taufik wal hidayah, warido walinayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar