Tangtung Jangkung
Ajeg tegep
Matak reueus anu neuteup
Di mumunggang tepung jeung angin
Jiga nu eukeur padungdung.
Batang dahan régang tepi pucuk dangdaunana
Tangkal camara oyag
Akar nyengkrem
Pepereket kana lemah
Mata ketir dina rasa kuring anu keur ngiuhan.

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar