Anu patingkalayang,
najan puluhan dina béda,
kadéngéna henteu acak-acakan, aduk-adukan,
tapi pada-pada jaradi hiji ngawangun lagu.
Lagu Alam ngahaleangkeun lagu,
lagu anu saban diteges-teges,
geuning henteu suwung-suwung aweuhan celuk,
Anu manggu di Mandala agung.
Laguna téh nyulusup lembut ka jero angen
lagu meumeut asih, deudeuh nyaah,
ngusap-ngusap nu keur malaweung,
jangjauheun ku leleb tineung,
ngupah-ngupah negerkeun haté,
anu keur cara kalakay teu puguh kalayang,
kokoléangan dina angin hayang kapanggih.
Walet Muslimah

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar