Neuteup seukeut anu anteb
Katawis gurat kanyaah salira
Henteu wakca namung kabaca
Kabaca natrat pisan
Tindak-tanduk salira faktana
sawios henteu kedah dibejerbeaskeun
Neuteup seukeut anu anteb
Ngagedur dina jero ati
Abdi sadrah bade nuturkeun
Nuturkeun kana pangajak salira
Ngajak ngarangkep jatukrami
Anu diwengku Sunnah Nabi
Sangkan hirup jadi hurip
Teu kaluar tina bagbagan agama
Kenging : INA
Katawis gurat kanyaah salira
Henteu wakca namung kabaca
Kabaca natrat pisan
Tindak-tanduk salira faktana
sawios henteu kedah dibejerbeaskeun
Neuteup seukeut anu anteb
Ngagedur dina jero ati
Abdi sadrah bade nuturkeun
Nuturkeun kana pangajak salira
Ngajak ngarangkep jatukrami
Anu diwengku Sunnah Nabi
Sangkan hirup jadi hurip
Teu kaluar tina bagbagan agama
Kenging : INA
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar