Naha kang betah di dieu?
Moal kilir kitu?
Ka Neng Uti
Ka Neng Uneh
Ka Neng Imas
Iih kunaon atuh?
Bet teu ngawaler
Akang teh teu damang kitu?
Kumaha pami garwa-garwa Akang nu sanes bendu?
Bendu telat dikiliran
Bendu telat teu diriksa
Bendu telat teu dibayuan
Naha Kang bet di dieu bae?
Nyai, bojo Akang
Mugi tampi ti luhur sausap rambut
Ti handap sausap dampal
Akang moal kilir kanu lian deui
Akang kilir salawasna mung ka Nyai
Nyai istri sholehah
Akang nu salah lampah
Akang seja tumamprah
Moal kilir kitu?
Ka Neng Uti
Ka Neng Uneh
Ka Neng Imas
Iih kunaon atuh?
Bet teu ngawaler
Akang teh teu damang kitu?
Kumaha pami garwa-garwa Akang nu sanes bendu?
Bendu telat dikiliran
Bendu telat teu diriksa
Bendu telat teu dibayuan
Naha Kang bet di dieu bae?
Nyai, bojo Akang
Mugi tampi ti luhur sausap rambut
Ti handap sausap dampal
Akang moal kilir kanu lian deui
Akang kilir salawasna mung ka Nyai
Nyai istri sholehah
Akang nu salah lampah
Akang seja tumamprah
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar