Nyi Iteung, pamajikanana Kabayan teh nuju hamil ngora. Manehna teh ngidam hoyong pisan Nangka, tapi si Kabayan nu dasarna kebluk, tara daek ngala Nangka. Dina hiji isuk, Iteung nyamperkeun Kabayan nu keur sasarean di bale hareupeun imah.
Iteung : (Ngaganggu Si Kabayan) Kang, hayu atuh pangalakeun Nangka kanggo Iteung!
Kabayan : (Melek hiji soca, langsung sare deui) Haduh, Nyai, engke weh nya, isukan. Akang teh tunduh keneh!
Iteung : (Ngambek) Huh, si Akang mah teu sayang ka Iteung!
Kabayan : (Ngorok)
Saking keheulna, Nyi Iteung angkat ka bumi Emana Kabayan. Sanepina di bumi Emana Kabayan.
Iteung : (Lumpat sabari ceurik langsung nangkeup Ema) Emaaakkkkk....
Ema Kabayan : (Reuwas) Eleuh-eleuh, aya naon ieu, Nyai?
Abah: Aya naon nyai?, meni matak pikareuwaseun!
Iteung : Eta, Ma, Bah! Si Kabayan! Abi teh ngidam, hoyong pisan Nangka, tapina manehna tara daek pangalakeun!
Abah Kabayan : Geus tong ceurik atuh! Keun weh, ku abah pangalakeun
Ema Kabayan : Ulah Abah, keun Ema nu ngomong ka si Kabayan!
Ema, Abah sareng Iteung balik ka imah Kabayan. Sanepina di imah Kabayan, Ema sareng Iteung ningali Kabayan nu sare keneh dina bale.
Ema Kabayan : Heh! Kabayan, Hudang!
Abah: Heueuh Kabayan, na meni kebluk-kebluk teuing jadi jalma teh!
Kabayan : Naon sih? Isuk-isuk geus adat-adatan!
Abah : Maneh teh kumaha sih! Geus nyaho si Iteung keur ngidam hayang Nangka, Lain mah diturutkeun kahayangna!
Ema Kabayan : heueuh….Malah gogoleran teu puguh!
Kabayan : Heueuh ma, sakedeung deui dipangalakeun!
Abah : Buru! Ayeuna geura mangkat neangan Nangka!
Ema Kabayan : Nu kolot nya, Nangkana!
Kabayan : (Hudang) Heueuh! Kuring mangkat ayeuna lah!
Kabayan mangkat neangan Nangka. Tapi Kabayan teu terang, tangkal Nangka nu keur buahan teh dimana. Sapanjang jalan, manehna luak-lieuk neangan Nangka. Akhirna manehna manggih hiji tangkal Nangka nu buahna leubeut.
Kabayan : Hahhh! Akhirna kuring manggihan Nangka! Karolot deui Nangkana!
Kabayan langsung naek ka tangkal Nangka nyokot hiji Nangka nu pang kolotna. Teu lila anu boga kebon datang. Kabayan langsung turun ti tangkal Nangka.
Kabayan : Haduh kumaha ieu! Nyi Ndit jeung anakna datang! Mana kacida galakna deui!
Kabayan lumpat ka ragasi nu aya di tukangeun kebon. Kabayan malidkeun eta Nangka.
Kabayan : Nangka, jung balik tiheula nya! Kuring rek kabur heula!
Nangka teh kabawa palid ku cai, teu lila, nu boga kebon datang.
Ujang : Ema…Ema…tingal geura…aya nu naek kana tangkal nangka di kebon Ema.
Nyi Ndit : Mana Ujang? Ah titingalian Ujang we eta mah…
Ujang : Ih ari Ema..meni teu percanten ka Ujang teh…Itu di luhur…tingal geura…
Nyi Ndit : Heh! keur naon di kebon urang! Maneh rek maling?
Kabayan : Henteu Nyai.
Ujang : Ah…bohong Ma…bade nyandak nangka nu urang siganamah.
Nyi Ndit : Ah! Alesan wae! Ngaku weh ari rek nyopet mah!
Kabayan : Bener Nyai, teu bohong!
Ujang : bohong ma…bohong…..weeeeee (bari ngalelewe Si Kabayan)
Nyi Ndit : Demi naon , Kabayan?
Kabayan : Demi Nyi Iteung, Nyai!
Nyi Ndit : Alah, Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu jeung urang! Urang ka imah Pa RT!
Kabayan : Duh, nyai! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet! Sok mana barang buktina!
Nyi Ndit : (Mariksa Kabayan) Heueuh geuning, euweuh! Jung geura mangkat! Ulah kadieu deui!
Kabayan : (Lumpat) Dadah, Nyai!! Dadah Ujang
Kabayan balik ka imahna. Dipapag ku Ema, Abah jeung Iteung.
Iteung : Euleuh, akang! Tos dongkap?
Ema Kabayan : Meunang teu Nangka teh?
Kabayan : Meunang atuh, mak! Kolot jeung gede deuih!
Iteung : Mana atuh Nangkana, Kang?
Kabayan : Hoh? Can nepi eta Nangka?
Abah Kabayan : Hah? Nepi kumaha, Kabayan?
Kabayan : Si Nangka teh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku kuring! Geuningan can nepi? Apan eta Nangka teh tos kolot, piraku teu nyaho jalan balik!
Iteung : Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!
Abah Kabayan : Ari maneh! Ku belet-belet teuing, Kabayan! Maenya Nangka bisa balik sorangan! Teu hideng!
Kabayan : Yeuh, si Nangka nu teu hideng mah, Mak!
Ema Kabayan : Hah, ngimpi naon, kuring teh boga anak belet kos Si Kabayan!
Ema sareng Abah langsung mangkat. Kabayan sareng Iteung, ngantosan eta Nangka di sisi ragasi, tapi Nangkana teu datang-datang.

Copyright © Tatar Pasundan
kabayan iteung serasi (y) ,,,,
BalasHapusMuhun puhuhan ogé,,,,
HapusUnggal2 carita si kabayan pasti..seru !!!
BalasHapusHatur nuhun kang.
Hapus