0
Jungjunan
Satapak sajarah geus lawas ilang dangiangan
Leungiteun tapak
Leungiteun udagan
Kiwari wungkul kalangkang

Handapeun tangkal flamboyan ieu
Urang kungsi pakait ati
Cinta urang téh lir sagara umpalan

Motah
Éndahna cinta urang téh lir caang bulan opat welas dibasisir
Hanjakal, kiwari kari waasna
Wungkul téténggér nu jadi saksi

Aya ngaran anjeun
Kiwari wungkul kalangkang
Kabawa rumeukna jaman.

Nur Fithry
Malangbong, 2013

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top