Dina guligah rasa, kuring tanggah
Ningali purnama nu marahmay nyaangan
Sedengkeun haté keukeuh mihoncéwang
Duh, purnama nu éndah
Na iraha kapeurih ieu ngamuara?
Na iraha diri seja pinanggih sagara katingtriman?
Kakuciwaan dikedalkeun manéhna
Nalika ucapna lir umpalan ombak narajang karang
Meupeuskeun basisir harepan
Cinta..! na iraha anjeun deuk pinareng langgeng?
Estu lapuk gampang semplak ieu rasa
Kasono nu mustari taya pinasti
Diri tumanya tina sucina ati
Naha bet hésé pikeun ngaleguk kabagjaan ieu
Tina awuran cahya béntang
Tina gupay-gupay kamelang
Nyawang sésa kalangkang peuray
Nyésakeun halodo panjang ...
Kari diri nu nyorangan
Ngarénda suni nyulam simpé
Nyiptakeun gambaran katunggaraan
Tina benang-benang katrésna nu kumambang
Siti Nurhanifah
Ningali purnama nu marahmay nyaangan
Sedengkeun haté keukeuh mihoncéwang
Duh, purnama nu éndah
Na iraha kapeurih ieu ngamuara?
Na iraha diri seja pinanggih sagara katingtriman?
Kakuciwaan dikedalkeun manéhna
Nalika ucapna lir umpalan ombak narajang karang
Meupeuskeun basisir harepan
Cinta..! na iraha anjeun deuk pinareng langgeng?
Estu lapuk gampang semplak ieu rasa
Kasono nu mustari taya pinasti
Diri tumanya tina sucina ati
Naha bet hésé pikeun ngaleguk kabagjaan ieu
Tina awuran cahya béntang
Tina gupay-gupay kamelang
Nyawang sésa kalangkang peuray
Nyésakeun halodo panjang ...
Kari diri nu nyorangan
Ngarénda suni nyulam simpé
Nyiptakeun gambaran katunggaraan
Tina benang-benang katrésna nu kumambang
Siti Nurhanifah
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar