Dumeh hate terus ngagerendeng
Tibelat mah milik saha bae
Da puguh keur katalimbeng
Sanajan suwung teu kedal basa
Angger aya nu diarep-arep
Rundayan carita heug geura kotretkeun
Lir hariring mapaler tunggara
Sanajan ukur sakecap
Aweuhan dianti ku hate nu teu uni
Rumasa campelak ngabudalkeun kingkin
Bongan hate teu bisa buni
Nyipen deudeuh dinu panyingkurna
Hampura, ukur hampura.
Tibelat mah milik saha bae
Da puguh keur katalimbeng
Sanajan suwung teu kedal basa
Angger aya nu diarep-arep
Rundayan carita heug geura kotretkeun
Lir hariring mapaler tunggara
Sanajan ukur sakecap
Aweuhan dianti ku hate nu teu uni
Rumasa campelak ngabudalkeun kingkin
Bongan hate teu bisa buni
Nyipen deudeuh dinu panyingkurna
Hampura, ukur hampura.
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar