0
Moal ilang kanyaah
Moal ilang kadeudeuh
Moal laas ku garis batas
Moal leumpeuh ku kapanasan

Tong salempang
Tong hariwang
Tong longkewang
Komo deui ringrang

Najan ukur lanceuk ngaranna
Baeu teuing! Hiap Teteh teu bobodoan
Baeu teuing! ngagero Teteh teu ngalalawora
Nyaah bakal tetep nganteng

Adi-adi Teteh sakabehna
Poma regepkeun sing anteb
Teteh salaku lanceuk
Moal petot muragkeun kanyaah keur anjeun

Kenging : INA

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top