0
Satia najan raheut
Satia najan gering ngalanglayung
Satia najan awak ruksak
Naaaa, moal lebar nyangsarakeun sorangan ?

Ceuk kuring
Cing beunta saeutik
Cing nangtung sing ajeg
Naha bet putus asa tur prustasi ?

Dunya henteu heureut
Tuuuhhh tinggali dunya masih lega
Bebas rek ngaler, ngidul,ngulon atawa ngetan

Ceuk kuring
Satia kudu satia
Satia ka saha heula
Satia ka anu mana
Lain satia nu ngancurkeun diri

Kenging : INA

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top