Ngabandungan paripolah kiwari, loba nu ngarasa hariwang. Pacéngkadan, lain ukur bruk-brak jeung nembrak, malah digegedékeun. Nu asalna teu sapira, bisa sakedét nétra jadi uru-ara nu ngabalukarkeun bancang pakéwuh.
Paripolah, lir kuda leupas kadali. Tunggul dirarud catang dirumpak. Papagon hirup nu mistina jadi pager jeung dadasar paripolah, teuing di mana ngancikna. Da, nu kungsi jadi kacapangan, majar bangsa urang téh lemes budi, nyatana mah loba nu ukur kari dongéngna.
Di mana ngancikna, silih asah siliha sih silih asuh? Di mana pasipatan sabda pandhita ratu? Ka mana patekadan nyaah ka sarakan, saperti nu kagambar dina kekecapan "di mana bumi dipijak di sana langit dijungjung"? Di mana ngancikna kamanunggalan kaum adat, ulama, jeung elmuwan nu kagambar dina "tungku tigo sajarangan"? Di mana ngancikna "ayat-ayat" budaya nu ngagambarkeun luhungna ajén-inajén kamanusaan? Nu écés mah, kekecapan kawas kitu téh, kari réngkolna dina kamus atawa ukur jadi kaagulan dina mangsana nyoréang mangsa ka tukang.
Paripolah gupuy-gapay, lir nu lunta dina petengna peuting. Atuh, teu sing anéh, mun ahirna, nu enya dilain-lain, nu lain dienya-enya. Balitungan pragmatis, ngalap mangpaat dangka pondok, éstuning jadi pamuhitan.
Paripolah nu pasalia jeung aturan, nyampak di saban tempat jeung waktu. Balukarna, lir nu gering teu ngarasa boga kasakit. Najan, tembongna walagri, awakna mah mingkin lila mingkin ropoh!
Paripolah jeung pasipatan kawas kitu, mémang matak hariwang. Ngan, teu hadé, upama ukur rumahuh, ngusap dada. Ku lantaran kitu, saha waé nu boga karep jeung ketak geusan narékahan kaayaan sangkan leuwih hadé, sawadina meunang pangbagéa jeung pangrojong ti balaréa.

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar