0
Mun kongang ieu Purnama

Sina nampeu,
Dina raray haté Anjeun nu meredong jungkrang,
Tepi cékas katingal dasarna.

Didinya,
Naha enya aya amparan batu némprak anu ngeplak
Reujeung nyatet pageuh ngaran kuring?

Cenah éndah meunang natah asih
Reujeung cipruk ibun kahéman pating gurilap

Dina usik reujeung renghap anjeun heunteu reureuh
Migandrung tresna ti kuring!

Citra, Padalarang

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top