0
Samangkok katineung ngambang na pangkonan salira jungjunan
Katineung nu natrat na panglamunan salira
Ayeuna rabul, ngajaul
Mapakan mega, ngawang-ngawang ngajomantara
Nguwak-ngawik angin
Nyuruwuk, meberkeun jangjang pangharepan

Sakotret rasa kaheman nunyaliara ti salira
Awor jeung Galura jeroeun dada
Hamo wekasan, kanyaah salira nu nganteng natrat
Ngagolontor saupama cai ibun nu maruntang na tungtung dangdaunan
Ngalindih halodo nu parat mangsa katukang

Ah, aya rasa nu nyaliara.
Ngelehkeun teuasna panalikung diri
Basa lahlahan salira cumarita dibarung sora dareuda
Hayu urang babarengan ngojayan sagara katresna
Neuleuman lambak nu ting jelegur
Hayu tetegkeun hate jeung rasa
Keur ngayonan dunya nu katutup mega
Urang guar cinta urang
Nu nganteng na Diri urang

Nur Fithry
29 Nopember 2012

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top