Cinta ieu
Lir érmawar rekah
Ligar dina rasa
Ngabalung sungsum
Moal laas ku mangsa tigerat
atawa lantis ku hujan nu ngan sapoé
Cinta ieu
Mung keur anjeun, Enung.
Dina nyata dinu fiksi
Atawa sajak-sajak nu euyeub ku angen-angen.
Éstu miang tina linduk situ kalbu
Sok sanajan raga urang teu ngahiji
Tapi cinta moal gedag kaanginkeun.Enung
Sisi Situ Ciburuy, 170213
Lir érmawar rekah
Ligar dina rasa
Ngabalung sungsum
Moal laas ku mangsa tigerat
atawa lantis ku hujan nu ngan sapoé
Cinta ieu
Mung keur anjeun, Enung.
Dina nyata dinu fiksi
Atawa sajak-sajak nu euyeub ku angen-angen.
Éstu miang tina linduk situ kalbu
Sok sanajan raga urang teu ngahiji
Tapi cinta moal gedag kaanginkeun.Enung
Sisi Situ Ciburuy, 170213
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar