Peuting Ieu,
Kuring ngahaja saré tengah peuting
Sakadar rék maturan waktu nu ngaganti poé!
Neuteup béntang,
Miharep bisa nepikeun kereteg angen
Nu ngaguligah, kemba tanpa basa!
Endahna béntang dina rangkulan langit
Béntang harepan ati di bulan Juni
Gumebyar cahayana nu maturan bulan
Bulan sapasi nu keur samagaha
Maturan simpé, petengna jiwa peuting!
Muga peuting nangtayungan tibrana saré anjeun
Muga béntang maturan anjeun dina impénan
Nepi aweuhan adan ngahudangkeun anjeun wanci balébat
Nepi srangéngé nyirorot moyanan raga anjeun
Wilujeng,
Wilujeng tepang taun, Gi!
A.P.P.S., 03-06-00
Crezenda Vizes
(ti Majalah Mangle no 2182)

Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar