0
Girimis kapeutingnakeun
Nutup lalakon katunggaraan
Tiis nyecep karasana
Saperti hate kuring nu keur ngarandapan

Tunggara tibabaheula
Nalangsa geus biasa
Sangsara henteu bireuk
Rarasaan lengkep pisan cocobi teh Gustii.

Namung
Abdi seja tumarima
Pasrah oge sumerah
Hujan aya raatna

Alhamdulillah
Puji syukur ka Illahi
Lalakon tunggara nutup sorangan
Baeu kadie! Kuring sono dikeukeupan ku kabagjaan

Kenging : INA

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top