0

Saampar laut burahay
ngangkleung-ngangkleung gumplukan mega kancana
taya nu leuwih ngempur ti dinya, iwal imut nu ngagulubur
nungtun kalbu nyukcruk lacak nu marangkak 'na kikisik
basa angin ngalelerkeun surak lambak, namperkeun guruh sagara
di basisir nu gumilap dikelir lilingsir wanci

Saampar gambar sareupna
kumalangkang dina sapasang sosoca sabot patarema rema
panonpoe sareup-reupeun, layungna sumedeng hurung
jeung sagara gumebyar maratan kalbu, sumirat tina paneuteup
seah lambak ukur gending mirig jangjang angen-angen kumalayang
di basisir nu marahmay nyingraykeun rurub kaliwung

Saampar gelar kakelar
mangsa layung lalaunan keur awor jeung pulas peuting
saulas cahya gandola ngaguliweng di sagara, lir katineung
nu rek langgeng nganteur ringkang nyorang peteng leuweung karang
barang pirang-pirang warna ngarampih ka puseur kalbu
humariring di basisir nganti gebray kingkilaban

Ang Godi Suwarna. Salah sawios Budayawan Sunda

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top