Nyorang panineungan
Nyukcruk galur dina hambalan harepan
Ngigelan mangprangna jaman
Aeh,,,,
Gening wanci geus ganti deui
Nyerelek teu karasa rubahna
Teu katangen kahirupan ku gancang gunta ganti rupana
Meureun bakat ku betah
Sugan poho najan loba kasusah
Siga carita urang, panutan
Anu natrat dituliskeun ku langit beurang
Diteundeun dina hihieum bulan
Diguar dina impenan
Mangsa anjeun datang nyorang
Nyukcruk galur dina hambalan harepan
Ngigelan mangprangna jaman
Aeh,,,,
Gening wanci geus ganti deui
Nyerelek teu karasa rubahna
Teu katangen kahirupan ku gancang gunta ganti rupana
Meureun bakat ku betah
Sugan poho najan loba kasusah
Siga carita urang, panutan
Anu natrat dituliskeun ku langit beurang
Diteundeun dina hihieum bulan
Diguar dina impenan
Mangsa anjeun datang nyorang
Copyright © Tatar Pasundan
Posting Komentar