0
Ngalayang lamunan
Mangprang minuhan langit janari letik
Kebek teu nyesakeun lolongkrang saeutik
Ciibun pagalo jeng renghap angin
Nyecep pating garudat dina kaca jandela kamar

Pating kareclak maseuhan pipi
Masehan sagurat carita nu teu kungsi
Anggeus dilalakonkeun impenan
Ngambang, ngayangkang tumplek minuhan jero tarang

Nepi ka mana bulan ngaitkeun carita peuting
Nepi ka iraha panon poe nyeuseup cimata meh garing
Saha nu nyana kahirupan loba ngalalanakeun rasa
Sagala rusiah beurang jeung peuting disidem,
Taya sora estu jempling

Ngalayang pikir jeung rasa narawang ka anggang
Ngalayang nyoba nyungsi pikahareupeun nu pamohalan
Mangprang muru nu ca'ang
Isuk jaganing pageto, duka teuing nepi ka mana bakal nyangsang

Iteung, 070612

Copyright © Tatar Pasundan

Posting Komentar

 
Top